Asma atawa bengék mangrupa panyakit sistim pernapasan manusa alatan heureutna saluran pernapasan, nu biasana mah balukar ayana alergén, hawa tiis, olahraga, atawa tekenan émosional. Ngaheureutanana saluran napas ngabalukarkeun gejala kayaning napas nu kadéngé ngikngikan, déét engapan, areungap/sesek napas, jeung batuk. Mun teu keur kanceuh mah, pasén téh biasa-biasa baé.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |