Babatuan nyaéta golongan bahan anu diwangun ku mineral sarta dipasing nurutkeun komposisi mineral. Papasingan ieu dijieun dumasar kana:
Babatuan sacara umum biasana dibagi nurutkeun prosés anu nyieunana. Lantaran kitu, babatuan dibagi jadi tilu kumpulan anu badag nyaéta:
Batu igneus nyaéta batu anu kawangun ku magma éncér, batu tamperan ngaliwatan tamperan sarta tekenan bahan nu tangtu, sarta batu métamorfosis ngaliwatan salah sahiji ti dua cara anu disebut tiheula sanggeus robah alatan suhu jeung tekenan. Dina perkara-perkara di mana bahan organik ninggalkeun tapak dina batu, hasil ieu dipikawanoh minangka fosil.
Kerak Bumi (kaasup litosfer) jeung palapisna dijieun tina batu. Dina wangunan batu biasana dipaké dina pondasi jeung jangkungna kurang ti 10 méter. Batu ogé dipaké pikeun ngageulisan beungeut wangunan kalayan méré kelir jeung tékstur unik tina batu alam.