Batubara nyaéta sédimén/daglegan endapan senyawa organik karbonan anu ngawujud sacara alamiah tina sésa-sésa tutuwuhan .[1] Pertambangan batubara nyaéta pertambangan daglegan karbon anu aya dina jero bumi, kaasup bitumen padet, gambut, jeung batuan aspal.[1] Mineral jeung batubara salaku sumber daya alam anu teu bisa dianyarkeun mangrupa kakayaan nasional anu aya dina kakawasaan nagara pikeun sahadé-hadéna karaharjaan rahayat.[1]
Prosés ngawujudna batubara tina tutuwuhan ngaliwatan dua tahap,[2] :
Tahap ngawangun gambut (péat) tina tutuwuhan sering disebut prosés péatification.[2]
Tahap ngawangun batubara tina gambut, sering disebut prosés coalification.[2]
Tutuwuhan anu rungkad atawa paéh, umumna bakal buruk jeung ancur nepi ka sanggeus sababaraha waktu lilana teu katingali deui wangun aslina.[2] Dina enas-enasna mah prosés jadi burukna téh mangrupa oksidasi anu dilantarankeun ku ayana oksigén jeung aktivitas baktéri atawa jasad renik lianna.[2]
Matéri Pangwangun Batubara
Ampir kabéh matéri anu ngawangun batubara nyaéta tutuwuhan.[2]:
Alga, ti jaman Pre-kambrium nepi ka Ordovisium kalawan sélna tunggal.<prob> Endapan batubara tina ieu périodeuu saeutik.[2]
Silofita, ti jaman Silur nepi ka Devon Tengah, mangrupa rundayan tina alga.[2] Endapan batubara tina périodeuu ieu saeutik.[2]
Pteridofita, ti jaman Devon Luhur nepi ka Karbon Luhur.[2] Matéri utama anu ngawangun batubara saumur Karbon Luhur aya di Éropah jeung Amérika Kalér.[2] Pteridofita téh tutuwuhan tan kembang, tan siki.[2] Ngarundayna ku cara nyebarkeun spora, tur tumuwuh dina iklim haneut.[2]
Gimnospermae, ti jaman Permian nepi ka Kapur Tengah.[2] Ieu tutuwuhan téh hétéroséksual, sikina dibungkus dina jero buah (saperti pineus) jeung ngandung kadar geutah (résin) anu loba.[2]
Angiospermae, ti jaman Kapur Luhur nepi ka ayeuna.[2] Ieu mangrupa jenis tutuwuhan modéren, buahna nutupan siki, jalu jeung bikang aya dina hiji kembang, kadar geutahna kurang upama dibandingkeun jeung Gimnospermae, tur umumna kurang bisa diawétkeun.[2]
Rupa-rupa Batubara
Dumasar kualitasna, batubara dibagi jadi 5, nya éta:
Veen atanapi turf, nyaéta batubara anu ngandung karbon kirang ti 50%. Batubara nu kieu umurna paling ngora dibandingkeun sareng jinis batubara sanés. Perenahna masih diitung dina beungeut bumi.
Bruinkool atawa batubara coklat, nyaéta batubara anu ngandung kira-kira 75% arang. Tempatna di lapisan tersiér bumi.
Steenkol atawa batubara hideung, nyaéta batubara ngandung kira-kira 75-90% karbon. Tempatna aya dina lapisan karbon sareng tersiér bumi.
Antrasit, nyaéta batubara anu ngandung karbon leuwih ti 90%.
Graphiet, nyaéta batubara anu ngandung 96% areng.[3]
Rujukan
↑ abc"Undang-undang Republik Indonésia Nomor 4 taun 2009 tentang Pertambangan Mineral Batubara" dina http://ptba.co.id/id/library/regulations, diaksés tanggal 1 Nopémber 2011