Bugis nyaéta salah sahiji kadaharan ti Jawa Kulon nu miboga rasa amis. Bahan anu dipaké pikeun nyieunna nyaéta tipung ketan, gula bodas, jeung cipati atawa kalapa nu meunang marud.[1]. Kadaharan bugis dibungkus maké daun cau. Cara ngasakanana nyaéta diseupan. Ieu kadaharan téh lolobana aya di wewengkon Garut, Subang, Tasikmalaya jeung Ciamis.[1]
Kitu deui di Sumatera (Padang) ilahar dipiwanoh Lapek Bugis atawa Lepat Bugis, nu ngabédakeunna, maké tipung ketan hideung sarta entén kalapa diasakan jeung gula bodas lain gula beureum.[2] Dibungkusna kawas wangun piramida, lain pasagi ciga di Jawa.[2] Di Jawa ilahar dipiwanoh Mendut, bahanna méh sarua jeung bugis nu aya di Jawa Kulon, dibungkus ku daun cau.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |