Hampru

Hampru (atawa cholecyst) téh organ nu nyimpen bili nepi ka wancina diperlukeun ku awak pikeun nyerna. Hampru nyambung kana ati (liver) jeung duodenum ngaliwatan biliary tract.

Anatomi

Teu sakabéh mamalia boga hampru. Beurit jeung kuda misalna, teu boga organ nu husus pikeun neundeun bili. Hampru nyambung ka bile duct ngaliwatan ductus cysticus (saluran hampru). Biliary tract utama ngalir ti ati ka duodenum, sedengkeun saluran hampru mangrupa lawang larsup hampru. The surface marking of the gallbladder is the intersection of the mid-clavicular line (MCL) and the transpyloric plane, at the tip of the ninth rib. Asupan getih datangna ti artéri jeung véna hampru, nu paralél jeung saluran hampru.

Anatomi mikroskopis

Hampru boga hiji pinding épitél nu dicirikeun ku recesses (katelah Aschoff's recesses), nu mangrupa "kanjut" di jero pinding. Handapeun épitél aya lapisan jaringan konéktif, lajeng otot lemes nu bakal kontraksi alatan dirangsang kolésistokinin.

Fungsi

Hampru téh tempat neundeun bili, nu dileupaskeun nalika dahareun nu ngandung lemak asup saluran pencernaan, ngarangsang sékrési kolésistokinin (CCK).

Kasakit

Koléstasis

Koléstasis téh kapeungpeukna asupan bili ka saluran pencernaan, boh "intrahépatik" (kapeungpeuk dina ati) atawa "ékstrahépatik" (di luar ati). Balukarna nyaéta nu katelah kasakit konéng, nu cirina mangrupa kadar bilirubin nu naék.

Kolélitiasis

Kolésistitis

Kolédokolitiasis

Gallstone ileus

Sumber rujukan

Tumbu kaluar


Sistim cerna

Baham - Faring - Ésofagus - Burih - Pankréas - Hampru - Ati - Peujit leutik (duodenum, jejunum, ileum) - Kolon - Cecum - Réktum - Bool