Infrabeureum atawa inframerah nyaéta radiasi éléktromagnétik dina panjang gelombang nu leuwih panjang ti cahaya katémbong, tapi leuwih pondok ti radiasi gelombang radio. Kecap infra beureum hartina "di handapeun beureum" (tina basa Latén infra, "handap"), beureum mangrupa warna ti cahya katémbong. Radiasi infrabeureum mibanda panjang gelombang antara 700 nm jeung 1 mm.
Spéktrum éléktromagnétik
Gelombang radio | Gelombang mikro | Infrabeureum | Spéktrum cahaya katémbong | Ultraviolét | Sinar X | Sinar gamma |