Kacapiring | |
---|---|
Gardenia augusta | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | Rubiales
|
Kulawarga: | Rubiaceae
|
Génus: | Gardenia
|
Spésiés: | G. augusta
|
Ngaran binomial | |
Gardenia augusta (L.) Merr.
|
Kacapiring; Gardenia jasminoides nyaéta hiji pepelakan nu asalna tina kulawargga Rubiaceae.[1][2] Kacapiring loba dipiara pikeun pepelakan hias/papaés buruan imah atawa kantor, alatan mibanda kembang nu éndah tur seungit.[2] Kasebut pepelakan nahun, kacapiring mibanda dahan, régang sarta daun nu kerep.[2] Kacapiring pepelakan nu gampil dipelak henteu mikabutuh perhatian leuwih, utamana dina taneuh nu perenahna dina 400 mdpl.[2][1]
Kacapiring téh pepelakan nu asalna ti nagara China disebutna San tze che; zhi zi, di Vietnam disebutna danh danh; chi tur. di nagara urang mibanda ngaran daérah: meulu bruek'; raja putih (Acéh), ceplokpiring (Jawa), sang klapa (Maluku), Jempiring (Bali).[1]
Daunna rada kandel lonyod mencos katung-tung, krlirna héjo, lemes bagéan luhurna.[2] Kembangna sarimbag jeung kembang ros, kelirna bodas tur ngaluarkeun sengit nu mandiri.[2] Jangkung tangkalna kurang lewih 1 – 2 méter.[2]
Panaluntikan nu dilakukeun ku para ahli, kacapiring ngahasilkeun minyak nu disebut linalol jeung styrolyl.[2]
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Kacapiring . |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |