Aya usul yeuh, supaya ieu artikel atawa bagéanna téh dihijikeun jeung Kangker. (Sawalakeun)Diusulkeun saprak Januari 2016.


Kanker nyaéta numuwuhna sel nu terus tumbuh di jero awak anu henteu nuturkeun pola pertumbuhan anu normal.[1] Sél-sél nu nyieun kanker téh nyebar ka sakumna awak ka bagian-bagian anu meureun jauh ti tempat di mana kanker aya.[1] Kajaba lamun kanker éta diangkat atawa diancurkeun, kanker bisa ngabalukarkeun pati ka penderitana.[1]

Sél-sél di jero awak sok tumuwuh.[1] Dina unggal sél-sél éta ngaleutikan sarta ngaleungit, tempat sél éta digantikeun ku sél-sél anyar kalayan jenis nu persis sarua.[1] Tapi sél-sél kanker katingal béda di antara sél-sél awak anu normal.[1] Sél-sél éta kasampak kawas sél ngora bagian ti awak di mana sél-sél éta tumuwuh.[1] Tapi cukup béda pikeun dipikawanoh minangka kanker sabot ditempo ngaliwatan mikroskop.[1] Sabot sél-sél kanker ieu beulah sarta nambahan jumlahna, sél-sél éta henteu robah jadi wangun anu bener-bener dewasa sarta saterusna ngandeg ngembang biak.[1] Tapi, sél-sél éta tetep ngora sarta tetep nambahan jumlahna nepi ka jadi picilakaeun.[1]

Sabada sél-sél kanker tumuwuh, sél-sél éta henteu tetep aya dina hiji tempat, tapi nyebar sarta pindah di antara sél-sél anu normal.[1] Sél-sél éta jadi loba, ku kituna, sél-sél normal dina bagian awak ieu henteu bisa terus digawé atawa komo henteu bisa hirup.[1] Sabot kanker asup kana getih, kanker éta dibawa ka bagian-bagian awak anu jauh.[1] di ditu kanker éta baris tumuwuh pikeun nyieun gumpalan-gumpalan badag anu ngaggangu kagiatan-kagiatan ti sél-sél anu normal.[1]

Penderita kanker bisa maot kajaba lamun pertumbuhan sarta sumebarna kanker dieureunkeun.[1] Éta sababna naha kudu ngariksakeun diri sacara berkala pikeun ngadeteksi kanker sarta ngubaranana saméméh panyakit éta nyebar leuwih jauh.[1] Kanker henteu disebarkeun ti jelema anu hiji ka jelema anu séjénna ngaliwatan hubungan.[1] Tacan aya ubar anu kapanggih anu bisa ngubaran kanker sacara tuntas sarta kapaké pikeun kabéh jenis kanker.[1] Salah sahiji ti sasaran-sasaran anu pangbadagna ti pengobatan nyaéta bener-bener nyurtian sipat sarta cukang lantaran kanker, sarta néangan cara pikeun nungkulan sarta nyageurkeunana.[1]




Rujukan

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press