Kohkol digantungkeun

Kohkol atawa dina basa Indonésia mah disebut kentungan mangrupa salah sahiji waditra bisa dijieun tina awi atawa tina kai. [1] Kohkol tina kai pangawakanna leuwih gedé katelah ogé borogodod [2], panjang kurang leuwih saméter nepika saméter satengah, buleudna opat puluh sénti. Dipilemburan kohkol dipibanda ku unggal masjid jeung pos ronda. [3]

Kagunaan

Kohkol ditabeuh mangsana dibutuhkeun pikeun tangara geus cunduk kana waktu solat[4], bisawaé ditabeuh pikeun panggentra ngumpulkeun masarakat ngayakeun gempungan ditempat anu geus maneuh[4], malahan kohkol ditabeuh dina salah mangsa umpamana tengah peuting éréng jentréng pikeun totondén ayana bégal atawa jalma jahat anu ngulampreng ka jero lembur.[5]

Dicutat tina

  1. Kohkol Archived 2016-06-30 di Wayback Machine, Nyieun kohkol.
  2. Kohkol borogodod
  3. Kohkol diteundeun di masjid jeung pos ronda
  4. a b Kohkol jeung Masjid-masjid buhun di Jakarta
  5. Ena Sutarna, Sugiyarto Dakung, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah, 1986, Ditempo 5 Juni 2016

Tutumbu kaluar