Lini nyaéta geteran nu kajadian di pabeungeutan bumi. Lini biasana disababkeun ku ayana gerakan intip bumi (lémpéng bumi). Bumi urang téh sanajan padet ogé, sok gerak, balukarna lini bakal kajadian lamun seug tekenan nu kajadian alatan gerakan éta geus pohara gedéna, nu antukna teu bisa ditahan-tahan deui, jadi waé lini.
Lini kajadian unggal poé di bumi, tapi kalolobannana mah leutik tur henteu nyababkeun karuksakan nanaon. Lini leutik ogé bisa marengan lini gedé, sarta bisa kajadian saméméh, sanggeus, atawa satutasna lini gedé.
Intensitas nyaéta besaran nu dipaké keur ngukur lini, lian ti maké magnitudo. Intensitas bisa didefenisikeun minangka gedéna karuksakan di hiji tempat baukar tina lini nu diukur dumasar kana karuksakan nu aya. Niley intensitas mangrupakan fungsi tina magnitudo, jarak ka episenter, lilana geteran, jerona lini, kondisi taneuh sarta kaayaan wangunan. Skala Intensitas Modifikasi Mercalli (MMI) mangrupa skala intensitas nu ilahar dipaké.[1]
Lini ngabalukarkeun loba karuksakan.
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Earthquake. |