Aya usul yeuh, supaya ieu artikel atawa bagéanna téh dihijikeun jeung Gizi. (Sawalakeun)

Nutrisi nyaéta zat dina dahareun anu dibutuhkeun ku organisme supaya bisa tumuwuh sarta mekar kalawan hadé luyu jeung fungsina.[1] Nutrisi diala tinahasil direcahna dahareun ku sistim pencernaan.[1] Sarta mindeng disebut maké istilah sari-sari dahareun.[1]

Jenis-jenis Nutrisi

Di handap ieu aya sababaraha rupa nutrisi:[2]

Karbohidrat

Karbohidrat nyaéta komposisi nu diwangun tina unsur karbon, hidrogén jeung oksigén, aya dina tutuwuhan saperti béas, jagong, gandum, beubeutian, sarta kawangun ngaliwatan prosés asimilasi dina tutuwuhan.[2]

Lemak

Lemak nyaéta sumber énergi anu dipadetkeun.[2] Lemak jeung minyak diwangun tina gabungan gliserol jeung asam-asam lemak.[2]

Protéin

Protéin nyaéta konstituen penting tina sagala sel, jinis nutrien ieu mangrupa struktur kompléks nu diwangun tina asam-asam amino.[2]

Vitamin

Vitamin nyaéta bahan organik nu teu bisa dibentuk ku awak sarta boga fungsi salaku katalis pikeun prosés métabolik awak.[2]

Mineral

Mineral nyaéta unsur esensial keur fungsi normal sabagian énzim, jeung penting pisan dina ngadalikeun sistim cairan awak.[rujukan?] Mineral mangrupa konstituen utama tina jaringan lemes, cairan jeung rorongkong.[2] Rorongkong ngandung lolobana mineral.[2] Awak teu bisa nyintésis jadi kudu disadiakeun ngaliwatan dahareun.[2]

Cai

Cai nyaéta komponén panggedéna dina struktur awak manusa.[2] Kurang leuwih 60-70% tina beurat awak jalma sawawa mangrupa cai, mangka cai diperlukeun pisan ku awak, utamana keur maranéhna anu ngalakonan olahraga atawa aktivitas beurat.[2]

Referrensi

  1. a b c (id)Pengertian Nutrisi Archived 2015-09-10 di Wayback Machine diakses 10 juli 2015
  2. a b c d e f g h i j k (id)Pengertian Nutrisi Menurut Para Ahli diakses 10 Juli 2015