Poales | |
---|---|
Poales | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Tracheophyta
|
Subdivisi: | Angiospermae
|
Kelas: | |
Ordo: | Poales
|
Poales nyaéta salah sahiji ordo tutuwuhan tina kelompok tutuwuhan kembangan.[1] Kulawarga jujukutan (Poaceae) mangrupa salah sahiji anggotana.[2] Ordo poales diwangun ku 18 kulawarga jeung antara 18.000 spésiés tutuwuhan monokotil (jujukutan: 9700 spésiés).[3] Kelompok poales mangrupa kelompok tutuwuhan kembangan kuna, sahenteuna geus aya 115 juta taun ka tukang.[3] Kembangna biasana laleutik jeung sok diserbukan ku angin, sok dikelompokkeun dina jenis répréoduksi kembang spikate atawa kelompok nu tara katempo, sanajan aya sababaraha kelompok nu leuwih katémbong.[3]
Ordo ieu diwangun ku sababaraha garis katurunan nu sacara tradisional geus diaku salaku kelompok, anggota kelompok ieu sok pindah tina hiji kelompok ka kelompok séjén.[2] Kelompok utama nu kaasup kana Poales nyaéta:[2]
Salian ti éta, kaasup ogé kulawarga xyridacéae, eriocaulacéae, bromeliacéae, mayacacéae, jeung rapatéacéae.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |