Pupuk (disebut ogé gemuk) nyaéta panyubur pepelakan anu ditambahkeun kana taneuh pikeun nyayagakeun sanyawaan unsur anu diperlukeun ku pepelakan.[1] Pupuk mangrupa bahan anu dibikeun kana pepelakan atawa lahan pikeun nyumponan kabutuhan nutrisi pepelakan.[2] Sacara umum, pupuk dibagi jadi dua jenis, nyaéta pupuk organik jeug pupuk anorganik.[2] Pupuk organik nyaéta pupuk anu asalna tina susa-sésa mahluk hirup, siga kompos atawa pupuk kandang.[2] Kiwari geus sayaga mangrupa-rupa pupuk organik anu siap paké.[2] Pupuk anorganik asalna tina bahan-bahan mineral, siga KCL, Uréa jeung TSP.[2]
Pupuk bisa digolongkeun ogé kana 3 jenis pupuk,
Pamupukan diusahakeun méré mangpaat anu sabadag-badagna ku dampak nu saleutik-leutikna, sarta nyumponan lima pas: pas jenisna, nyaéta pupuk ngandung unsur hara makro atawa mikro luyu jeung kabutuhan pepelakan, ku merhatikeun kaayaan kasuburan lahan; pas mutuna, nyaéta kudu maké pupuk anu mutuna hadé, luyu jeung standar anu ditetepkeun; pas waktuna, nyaéta dilarapkeun luyu jeung kabutuhan, stadia tumuwuh pepelakan, sarta kondisi lapangan anu pas; pas dosisna, nyaéta jumlah nu dibikeun luyu jeung anjuran atawa rékoméndasi spésifik lokasi; pas cara larapna, anu luyu jeung jenis pupuk, pepelakan jeung kaayaan lapangan.[2]