ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran.


Sanca
Sanca bal, Python regius
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Subkelas:
Lepidosauria
Ordo:
Subordo:
Serpentes
Superfamili:
Ophidia
Kulawarga:
Boidae
Subfamili:
Pythonidae
Génus:
Python

Daudin, 1803
Genera

Aspidites
Antaresia
Apodora
Bothrochilus
Leiopython
Liasis
Morelia
Python

Sanca mangrupa ngaran umum pikeun famili Boidae ti oray teu peurahan—sacara husus subfamili Pythonidae.

Habitat

Oray sanca aya di Australia, Asia Tenggara, India, jeung Aprika; lolobana hirup dina rungkun-rungkun sarta tatangkalan rapet di leuweung hujan tropis. Oray ieu pinter pisan tétérékél; sababaraha spésiés, modél Sanca Héjo, cicingna na tatangkalan. Sakumaha kailaharan oray, sanca gé bisa ngojay.

Dadaran

Sacara umum, sanca téh panjangna antara 4,5 nepi ka 6 méter, kaasup spésiés oray pangpanjangna; ceuk Buku Rékor Dunia Guinness, oray sanca panjangna aya nu nepi ka sapuluh méter.

Baranahan

Oray sanca ngendog dina 'sayang'na, direngkolan nepi ka megarna. ku sabab sanca mah teu bisa ngatur hawa jero awakna, si endog téh teu disileungleuman; endogna dihaneutan ku gerak awakna.

Rujukan