Sileungleum atawa nyileungleum nyaéta nyimbutan endog dina sayang sangkan haneut, nu ngajadikeun endog bisa megar.[1] Dina prakna endog-endog téh didekeman/disimbutan ku bulu nu aya dina awak indungna, kabiasaan ieu ilaharna dilakukeun ku indung hayam, manuk, jeung rupa-rupa unggas.[1] Hayam bisa nyilenungleuman sapuluh endog nepika megar, lilana kurang leuwih duapuluh poé.[2] Nyileungleum téh hiji prosés ngajaga kalumangsungan hirup katurunan, utamana ngajaga sangkan endog megar jadi anak.[3] Sanajan kitu aya sababaraha sato nu ngendog tapi henteu nyileungleuman endogna kawas unggas, sebut waé cakcak, buaya, kuya, aya ogé meri (unggas) jeung sajabana.[3]
Utamana dina unggas hususna hayam, mangsa endog nu disileungleuman megar téh henteu rampak babarengan tapi hiji-hiji.[4] Salila endogna tacan megar kabéh, éta indung hayam henteu ingkah tina panyileungleuman kitu deui anak-anak na nu geus megar pangheulana caricing nyumput handapeun jangjang indungna.
Sababaraha unggas mibanda waktu nu béda-béda mangsa nyileungleuman endogna nepika megar