Sinyal nyaéta hiji fungsi nu ngagambarkeun kuantitas fisis. Sacara matematika, sinyal digambarkeun salaku hiji fungsi tina variabel bébas t. Biasana t ngagambarkeun waktu. Jadi sinyal dilambangkeun ku x(t).

Klasifikasi sinyal

Sinyal kontinyu waktu jeung sinyal diskrit waktu

Sinyal x(t) mangrupa sinyak kontinyu waktu lamun t mangrupa variabel nu kontinyu. Lamun t mangrupa hiji variabel diskrit, nyaéta x(t) didéfinisikeun dina waktu-waktu nu disktit, mangka x(t) mangrupa sinyal diskrit waktu.

Sinyal analog jeung sinyal digital

Lamun sinyal kontinyu waktu x(t) aya dina interval kontinyu (a, b), di mana a téh -∞ sarta b téh +∞, mangka sinyal kontinyu waktu x(t) disebut sinyal analog. Lamun sinyal diskrit waktu x[n] aya dina sajumlah harga-harga tinangtu nu béda, mangka sinyal ieu disebut sinyal digital.

Sinyal diskrit waktu x[n] mindeng diwangun ku cara sampling sinyal kontinyu waktu x(t) antukna x[n] = x(nTs), di mana Ts mangrupa interval sampling.

Sinyal ril jeung sinyal kompléks

Sinyal x(t) mangrupa sinyal ril lamun hargana téh angka ril sarta mangrupa sinyal kompléks lamun hargana téh angka kompléks.

Sinyal deterministik jeung sinyal acak

Sinyal deterministik nyaéta sinyal-sinyal nu hargana ditangtukeun sacara lengkep dina kurun waktu tinangtu. Sinya acak nyaéta sinyal-sinyal nu boga harga sacara acak dina waktu tinangtu sarta sifatna kapanggih ku cara statistik.

Sinyal énergi jeung sinyal daya

Kandungan énergi dinormalisasi E tina hiji sinyal x(t) didéfinisikeun salaku:

Daya rata-rata dinormalisasi tina hiji sinyal didéfinisikeun salaku:

Sinyal périodik jeung sinyal non-périodik

Hiji sinya x(t) mangrupa sinyal périodik lamun aya hiji angka positif To antukna:

Angka To positif nu pangleutikna disebut périoda, sarta kabalikan tina périoda disebut frékuénsi fundaméntal fo:

Ti persamaan nu di luhur:

Tempo ogé

Tumbu kaluar

Rujukan

  1. Hwei P. Hsu, Ph.D, Théory and Problems of Analogue and Digital Communications, Schaum's Outline, McGraw-Hill, 1993