Vokal atawa swaara nyaéta sora basa nu di wangun ku hawa nu kaluar tina bayah sarta waktu ngaliwatan tikoro ngaliwatan teu menang hahalang. Dina ngawangun vokal aya tilu perkara anu mangaruhan ajén atawa kualitasna, nyaéta buleud-gépéngna wangun biwir, maju-mundurna létah, jeung luhur-handapna létah. Ari vokal dina basa Sunda jumlahna aya tujuh siki saperti dilambangkeun dina tabél ieu di handap.

Tabél : Lambang Vokal

lambang Vokal
Grafémis a i u é o e eu
Fonémis /a/ /i/ /u/ /é/ /o/ /e/ /eu/
Fonétis [a] [i] [u] [é] [o] [e] [eu]


Artikel ini teu mibanda kategori. Pék bantuan Wikipedia pikeun nambahan kategori. Tag ieu dipasangkeun dina April 2017.