Zaitun
Olea europaea, Laut Mati, Yordania
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Lamiales
Kulawarga:
Oleaceae
Génus:
Olea
Spésiés:
O. europaea
Ngaran binomial
Olea europaea

Zaitun (Olea europaea) nyaéta anggota kulawarga Oleaceae mangrupa hiji tangkal nu kawilang leutik, hirupna nahun/ umurna bisa rébuan taun. Daunna henteu ngarandapan ngarangrangan. Buahna laleutik rasana seger bisa langsung didahar atahna atawa bisa ogé diawétkeun heula. Buah anu kolotna diolah ku jalan diperes pikeun diékstrak minyakna. Hasil tina ngaékstrak ieu minyak katelah minyak zaitun anu loba pisan mangpaatna dina nyumponan kabutuhan kahirupan sapopoé.

Ciri-ciri

Ilustrasi "Zaitun" ti abad ka-19

Tangkal zaitun mibanda ciri-ciri mandiri nyaéta :

Zaitun mimiti aya buahan waktu umurna nincak lima taun sedengkeun umur tangkal zaitun sorangan bisa nepi ka rébuan taun, anu matak tadina ngan tangkal anu ngarungkun lila kalilaan robah jadi hiji tangkal ngarumpuyuk tur pohara gedéna. Tangkal zaitun hirup nepikeun ka umur rebuan taun pernah kapanggih di Paléstina anu umurna geus nyorang kana 2000 taun.

Buah Zaitun dipanén dina mangsa kelir buahna masih kénéh héjo nepikeun ka buah anu warna ganola. Aya ogé buah zaitun anu dijual geus diawétkeun dibungkus maké kaléng kelirna buahna rada hideung, éta ku lantaran pangaruh bahan kimia anu dikandungna saperti sulfat.

Distribusi

Distribusi/sumebarna ieu tangkal ngalimpudan ka daérah-daérah anu mibanda iklim panas nepikeun iklim sedeng. Panglobana kapanggih di Asia, Afrika jeung daérah Laut Tengah. Varietas Pisciottana, lobana kana 40.000 tangkal ngan kapanggih di daérah sabudeureun Pisciotta, Campania, Italia beulah kidul, jangkungna ngaleuwihan rata-rata tangkal zaitun ditempat séjén, sarta tangkalna leuwih gedé ogé. Ieu tangkal masih aya sékésélér jeung tangkal malati (Jasminum sambac).

Taksonomi

Aya genep subspesies alami Olea europaea nyebar di mana-mana:[1][2]

Subspecies maroccana nyaéta heksaploid sedengkeun cerasiformis tetraploid.[3]

Saperti tatangkalan liar anu matak mindeng dianggap spesies nyorangan ngaran ilmiahna Olea oleaster.

Mangpaat

Tangkal zaitun jeung daunna mindeng dipaké pikeun perlambang runtut raut sauyunan/(perdamaian) jeung geus jadi bagéan kabudayaan urang kulon (Barat) dina waktu anu geus lila (kolot). Di Kulon dahan Zaitun ngalambangkeun hiji kadamaian ogé geus dipelak di ditu dina waktu anu geus kacida lilana aya kana ratusan taun anu geus kaliwat, Tina filosofi bisa di cokot pieunteungen intisari yén ku tangkal Zaitun ieu bisa mawa kadamaian/ perdamaian.

Sagigireun buah zaitun mibanda rasa anu ngeunah, ogé kaina kuat alus jeung éndah katempona. Buah zaitun dipaké ogé pikeun seuseungitan kadaharan olahan. Buah zaitun anu geus kolot diolah ku jalan diperes pikeun dicokot minyakna anu loba mangpaatna pikeu campuran seuseungitan kadaharan olahan ogé bahan dasar pikeun kosmetik. Ieu minyak zaitun dipercaya pikeun miara kulit sangkan awét ngora jeung henteu gampang péot.

Pondok pasantrén Az Zaytun di Indramayu mibanda jalan gedé/(adimarga) anu mana unggal sisina dipelakan tangkal zaitun.

Tutumbu Kaluar

Wikiquote logo
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
[[:su:q:(({1))}|(({1))}]]
Wiktionary logo
Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap
zaitun

Dicutat Tina

  1. Green PS (2002). "A revision of Olea L. (Oleaceae)". Kew Bulletin 57 (1): 91–140. doi:10.2307/4110824. JSTOR 4110824. 
  2. Besnard G, Rubio de Casas R, Christin PA, Vargas P (2009). "Phylogenetics of Olea (Oleaceae) based on plastid and nuclear ribosomal DNA sequences: Tertiary climatic shifts and lineage differentiation times". Annals of Botany 104 (1): 143–60. doi:10.1093/aob/mcp105. PMC 2706730. PMID 19465750. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=2706730. 
  3. Besnard G, Garcia-Verdugo C, Rubio de Casas R, Treier UA, Galland N, Vargas P (2007). "Polyploidy in the Olive Complex (Olea europaea): Evidence from Flow Cytometry and Nuclear Microsatellite Analyses". Annals of Botany 101 (1): 25–30. doi:10.1093/aob/mcm275. PMC 2701839. PMID 18024415. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=2701839.