Biarawan nyaéta saurang lalaki anu ngalakukeun askétismeu, mokuskeun pikiran jeung ragana pikeun ageman. Konsep ieu geus lila ayana jeung bisa kapanggih di mangpirang-pirang agama kayaning Karésten, Buddha, jsb. Istilah anu ékivalén pikeun awéwé nyaéta biarawati.
Biarawan dina ageman Katolik nyaéta lalaki anu jadi anggota hiji ordo atawa tarékah rélijius kayaning Yésuit, Dominikan, Fransiskan, Bénédiktin jeung sajabana. Di Indonésia para biarawan sakapeung dilandian bruder (Basa Walanda: broeder, baraya lalaki). Para biarawan tungkul kana palanggeran (statuta) tarékah maranéhannana. Maranéhna gawé di hiji wewengkon kauskupan atawa di wewengkon kauskupan séjén (luar daérah atawa luar nagara). Para biarawan katolik ngalayanan minangka pastor/imam (SJ, MSF, SVD, SCJ, MSC, jsb) jeung minangka bruder atawa frater (CMM, BTD, MTB, jsb)
Kecap "biarawan" dumasar kana kecap biara kalawan ahiran -wan.
Artikel ngeunaan ageman ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |