Kamarang
Kamarang bikang, spésiés ancistrocerus.
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Euarthropoda
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Vespidae
Subfamili:
Eumeninae
Kaanékaragaman
leuwih ti 200 genera jeung 3200 spésiés

Kamarang (basa Inggris: Potter wasps, mason wasps), atawa eumeninae nyaéta gorombolan nyiruan kosmopolitan nu kiwari digolongkeun minangka subfamili Vespidae, ngan baheula mah sakapeung dipikawanoh minangka kulawarga nu misah, eumenidae.

Wangenan

[édit | édit sumber]
Partial dorsal view of the thorax of Cephalastor estela showing the position of tegulae and parategulae relative to the mesoscutum and pronotum

Lolobana mah spésiés eumeninae téh warnana hideung atawa coklat, jeung deuih biasana mah ditandaan ku pola kontras konéng, bodas, oranyeu, atawa beureum nu nyacas; ngan sawatara spésiés, mayoritas asalna ti daérah tropis, némbongkeun warna nu geuneuk kawas sorotan logam biru atawa héjo nu dominan dina warna kasang tukang. Kawas lolobanana vespids, jangjangna ditilep sacara longitudinal nalika reureuh. Kamarang utamana mah dipikawanoh ku kombinasi karakteristik kieu: 1) proyéksi postérolateral nu dipikawanoh minangka paratégula dina dua sisi mésoskutum; 2) cakar tarsal suing; 3) coxae tukang jeung carina dorsal longitudinal atawa tilepan, sok ngembang jadi lobus atawa huntu; jeung 4) jangjang hareup kalawan tilu sél submarginal.

Biologi

[édit | édit sumber]
Sayang kamarang nu naplok dina bata.

Ari sayang kamarang mah rupa-rupa. Spésiés nu béda mumkin ngagunakeun sistem nu nyangkaruk (kayaning torowongan bangbung dina kai, sayang bolékér Hymenoptera nu ditinggalkeun malah mah liang jieunan manusa jiga liang urut paku atawa liang urut sekrup) nu diropéa ku ieu kamarang, atawa ogé ngabangun sayang anyar. Kamarang aya nu sayangna di jero taneuh, aya ogé nu sayangna kabuka. Dina sayang téh meureun mibanda hiji atawa sawatara sél indung. Bahan pisayangeun nu panglobana dipaké téh nyaéta leutak nu dijieun tina campuran taneuh jeung cai nu diutahkeun tina sungutna, ngan loba spésiés mah ngagunakeun bahan tina gayeman pepelakan.

Sakum spésiés kamarang nu dipikawanoh mangrupa prédator, lolobana kamarang téh panyalur massal, sanajan sawatara spésiés nu kaisolasi mah mah némbongkeun kaayaan primitif lalampahanna jeung taki-taki progresif.[1]

Kamarang keur ngabangun sayang

Nalika sél anggeus, kamarang kolot biasana kumpal-kempil larva bangbung, lancah atawa hileud sarta maéhanna, nempatkeun nu geus dikumpulkeun téh di jero sél, minangkana mah jadi hakaneun pikeun hiji larva kamarang tunggal. MInangka aturan normal, kamarang kolot neundeung endog tunggal di sél nu kosong saméméh nyayagakeunna. Sawatara spésiés neundeun endog di pabeungeutan sél, kakocoran tina benang cairan garing. Nalika larva kamarang megar, bakal turun jeung mimiti diparan ku kahakanan nu geus disayagakeun salila sawatara minggu saméméh ngalampahan pupasi. Siklus hirup nu lengkep bisa lumangsung ti sawatawa minggu nepi ka leuwih ti sataun, ti endog kénéh nepi ka jadi kamarang kolot. Kamarang kolot ngadahar sari kembang.

Taksonomi

[édit | édit sumber]

Kamarang mangrupa subfamili vespida nu pangbeungharna, kalawan leuwih ti 200 marga, jeung ngandung sabagéan badag spésiés dina kulawarga (leuwih ti 3200 spésiés ti total kurang leuwih 4.500 di sakumna kulawarga). Kamonésan morfologi nu luar biasa ti spésiés kamarang kaeunteung dina kumembangna genera nu dikotrétkeun pikeun ngagorombolkeunna jadi golongan nu leuwih gampang dikokolakeunna.

Galéri

[édit | édit sumber]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. [von Frisch, 1974].

Tutumbu luar

[édit | édit sumber]