Kota Bekasi ᮘᮨᮊᮞᮤ | |||
---|---|---|---|
Liané transkripsi | |||
• Basa Indonésia | Kota Bekasi | ||
• Basa Sunda | ᮘᮨᮊᮞᮤ | ||
• Basa Walanda | Stad Bekasi | ||
TI kénca-katuhu: Stadion olahraga Patriot Candrabhaga, Kota Pekayon, Bekasi Junction Night, Puseur Balanja, Bekasi Mall dina peutingna | |||
| |||
Ngaran jujuluk: basa Indonésia: Kota Industri | |||
Motto: Swatantra Wibawa Mukti Kota Patriot | |||
Lokasi di Jawa Kulon | |||
Nagara | Indonésia | ||
Région | Jawa | ||
Propinsi | Jawa Kulon | ||
Ibukota | Kalibaru | ||
Hari jadi | 10 Maret 1997 (Tanggal resmi ti Pemkot Bekasi) | ||
Dasar hukum | UU Nomor 9 Tahun (minangka Kota Administratip Bekasi) | ||
Pamaréntahan | |||
• Badan | Pamaréntah Daérah Kota Bekasi | ||
• Walikota | Tri Adhianto Tjahyono(Plt.)[1] | ||
Lega | |||
• Taneuh | 204,6 km2 (79,0 sq mi) | ||
• Cai | 2,4 km2 (0,9 sq mi) | ||
Luhurna | 11−81 m (36−265 ft) | ||
Pangeusi (2020) | |||
• Total | 2.464.719 | ||
• Réngking | 3 | ||
Démografi | |||
• Ageman[2][3] | Islam 88,52% Kristen 10,38% - Protestan 7,76% - Katolik 2,62% Buddha 0,90% Hindu 0,17% Lainnya 0,03% | ||
Zona wanci | UTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon) | ||
Kode pos | 401xx, 402xx, 406xx | ||
Kode aréa | 021 | ||
Régistrasi tutumpakan | B xxxx K** | ||
IPM | 81,95 (2021) Citakan:Fontcolor[4] | ||
dau | Rp 1.282.106.240.000 (2019)[5] | ||
Ramatloka | www |
Kota Bekasi nyaéta salah sahiji kota di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kota ieu aya di wétaneun Jakarta; wawatesan jeung Jakarta di beulah kulon, Kabupatén Bekasi di beulah wétan kalér, Kabupatén Bogor di beulah kidul, sarta Kota Dépok di beulah kulon kidulna. Bekasi mangrupa salah sahiji kota pangrojong Jakarta salian ti Tangerang, Bogor, jeung Dépok; sarta jadi tempat padumukan para komuter nu digawé di Jakarta. Kota Bekasi kawengku ku 10 kacamatan, nu kabagi deui kana 56 kalurahan. Aya sababaraha tempat wisata anu aya di Bekasi kota, di antarana nyaeta: Waterboom Lippo Cikarang,[6] Trans Snow World,[7] Curug Parigi,[8] Taman Buaya Indonesia Jaya,[9] Rainbow Garden,[10] jeung Go! Wet Waterpark Bekasi.[11]
Bekasi mangrupakeun salasahiji kota pangkolotna di Indonésia. Numutkeun kana cetetan sajarah, beheula Bekasi nu ayeuna pernah jadi ibukota Karajaan Tarumanagara. Keur harita, Bekasi dingaranan Dayeuh Sundasembawa atawa Jayagiri. Bukti-bukti sajarah ngeunaan ayana asal ieu kota ti abad ka lima aya di prasasti Tugu, anu ngagambarkeun ngaran dua walungan nu ngalir ngaliwatan dayeuh, nya éta Candrabhaga jeung Gomati. Ngaran Candrabhaga dina hiji jaman ka hiji jaman barobah jadi Bhagasasi sabab kecap Sansekerta Candra anu hartina "bulan" robah jadi basa Sunda heubeul ku kecap "sasi" anu hartina sabulan. Tuluy ngaran Bhagasasi salah eja jadi Bhagasi, tuluy pamaréntah kolonial Walanda ogé salah eja ngaran Bhagasi jadi Bacasie, ujug-ujugna katelah ku Bekasi nepikeun ka ayeuna.[12] Dina mangsa Hindia Walanda, Bekasi mangrupakeun bagian ti Karesidenan Batawi. Salaku kota asrama, loba wewengkon satelit kelas menengah anu geus dikembangkeun di Bekasi,[13] lengkep jeung pusat balanjana, sakola, rumah sakit, clubhouse, taman cai, jeung sarana beus shuttle ka Jakarta Pusat. Loba oge pausahaan-pausahaan badag multinasional anu loba narik ekspatriat (utamana ti Jepang jeung Korea) pikeun netep di Bekasi.
Ditempo tina kontribusina kana pendapatan daérah, industri pangolahan mangrupa sumber paékonomian anu panglobana, disusul ku séktor perdagangan, hotél, jeung réstoran. Sanajan saeutik, lahan pasawahan ogé milu nyumbang kana APBD Kota Bekasi. Para patani utamana sumebar di beulah kalér Kota Bakasi, nu rélatif katinggal ku daerah sabudeureun puseur dayeuh.
Di Kota Bekasi loba pinanggih galandangan, nu ngemis, sarta pangamen sanajan dina kanyataannana loba mobil méwah ogé.
Loba di antara pangeusi Kota Bekasi nu mangrupa komuter, biasana digawé di Jakarta, Tangerang, atawa Cikarang. Ku sabab éta, ékonomi Kota Bekasi kacida gumantungna ka tatanggana, Jakarta.
Di Bekasi loba dipigunakeun angkutan kota mangrupa mobil van leutik, nu panumpangna maksimal 14 urang (gumantung supir), disebut KOASI (Koperasi Angkutan Bekasi). Sajaba ti éta, ti saprak krisis moneter, ampir di sakabéh juru Kota Bekasi pinuh ku alat angkut mangrupa sapeda motor nu sering disebut ojég. Béca ogé loba kénéh dipanggihan di kota ieu.
Sapeda henteu populér di Kota Bekasi sawatara taun terahir ieu. Loba anu pindah ti sapeda kana sapeda motor, utamana ku beuki gampangna ngajukeun krédit kapamilikan sapeda motor. Polusi udara masih jadi masalah di kota ieu.
lolobana jalan di Kota bekasi ruksak parah, utamana dina usum hujan.
Di Bekasi Kota, geus aya opat puluh genep fasilitas kaséhatan anu disadiakeun dina bentuk rumah sakit. Sababaraha di antarana nyaeta, 23 unit nu swasta, genep unit nu organisasi sosial, lima unit nu pamaréntah kota, jeung 12 unit nu pausahaan.[14]
Daptar kalurahan di unggal kacamatan di wilayah pamaréntahan Kota Bekasi: