ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran.
Nikita Willy
Nikita Willy pada taun 2020
GumelarNikita Purnama Willy
29 Juni 1994 (1994-06-29) (yuswa 30)
Jakarta, Indonesia
KabangsaanIndonesia
PagawéanArtis, Model
Dipikawanoh salaku/lantaranBulan dan Bintang
PasanganIndra Priawan Djokosoetono (m. 2020)
Anak1
KolotnaHenry Willy, Yora Febrine
KulawargaChandra Suharto, Karlina Damiri, Titi Handayani
Nikita Willy
Nikita Willy

Nikita Purnama Willy atawa nu leuwih dipikawanoh salaku Nikita Willy nyaéta béntang akting ngora Indonesia kalahiran Jakarta, 29 Juni 1994.[1] Nikita Willy mangrupa Anak kahiji ti dua duduluran.[2]
Turunan Minang ieu geus ngabéntangan sajumlah pariwara, sinétron sarta film layar lébar.[1] Nikita Willy mimitian dipikawanoh ku masarakat sawaktu maénkeun peran dina sinétron ROMAN PICISAN babarengan jeung aktor asal Papua, Evan Sanders.[1] Nikita kungsi jadi modél pariwara permén Milton, Citra Body Lotion, kosmétik Pigeon, Kadaharan Choki-Choki, detergent Total, Holland Bakery, Bank BNI, Bank BII sarta wafer coklat Roma.[1] Pamaén béntang film BESTFRIENDS? ieu meunang kasempetan pikeun maén sinétron stripping ti mimiti taun 2009 [1] Sinétron anu disutradaraan ku Maruli Ara sarta Gita Asmara ieu, Nikita kudu adu akting jeung aktor Dude Harlino.[1] Nikita Willy maén ogé minangka pameran utama dina sinétron stripping panganyarnana dina Séptember 2009, anu judulna Safa jeung Marwa.[1] Di dieu, manéhna miboga peran anu leuwih dewasa ti batan umur anu sabenerna.[1] Taun 2011 ieu, Nikita Willy maén deui dina sinétron Putri yang Tertukar, tur jadi lalakon utama.[1]

FILMOGRAFI

[édit | édit sumber]

Sinétron

[édit | édit sumber]

FTV

[édit | édit sumber]

Iklan TV

[édit | édit sumber]

Awards

[édit | édit sumber]

Lagu

[édit | édit sumber]

Vidéo Klip

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i (id)profil(diakses kaping 21 november 2011)
  2. (id)[1] Archived 2011-11-29 di Wayback Machine(diakses kaping 21 november 2011)