Désa Pawindan | |
---|---|
Kalurahan/Désa | |
Peta lokasi Kalurahan Pawindan | |
Nagara | Indonésia |
Propinsi | Jawa Barat |
Kabupatén | Ciamis |
Kacamatan | Ciamis |
Pawindan nyaéta salah sahiji désa di kacamatan Ciamis, Kabupatén Ciamis, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.
Oleh: Sonny Rohimat al-Baregbegi ---- Pawindan (Ki Pawindan) téh ngaran hiji patani nu jeneng dina jaman puseur Karajaan Galuh nu aya di Imbanagara. Ki Pawindan sareng garwana linggih di sisieun walungan Citanduy. Dina mangsa Karajaan Mataram ngarurug ka Galuh, nya Ki Pawindan pisan anu nyalametkeun Raden Bongsar, salah sawios putera Raja Imbanagara. Pikeun ngahurmat kana jasa anjeunna, atuh Pawindan dijadikeun ngaran hiji lembur nu aya di Désa Panyingkiran (dingaranan Panyingkiran téh ku sabab éta tempat pisan anu dijadikeun panyumputan/panyingkiran Ki Pawindan jeung Raden Bongsar). Anu saterusna mah Pawindan dimekarkeun
Désa Pawindan dibagi jadi tilu dusun nyaéta
Di Pawindan aya walungan Citanduy anu ngamuara di Sagara Anakan (Cilacap, Jawa Tengah). Ieu walungan téh huluna aya di Gunung Cakrabuana. Citanduy ogé jadi muara sababaraha walungan leutik kayaning Cipalih, Cileueur, jenung sajabana. Di sabudeureun Citanduy mangrupa kebon anu lolobana mah geus dipimilik ku masarakat. Tapi ku sabab éta kebon téh ngahiji tur kawilang lega, masarakat nyebutna leuweung.
Di Pawindan aya sababaraha TK/RA anu sumebar di tiap dusun. Salian ti eta, di masjid-masjid cukup rame ku barudak nu dialajar ngaji utamana sabada Ashar jeung sabada Maghrib. Sedengkeun sakola dasar, di Pawindan aya tilu nyaéta:
Patalimarga di Pawindan di antarana aya jalan Otto Iskandardinata nu mangrupa jalan alternatif nu ngahubungkeun Imbanagara (arah Tasikmalaya) ka Bojong (arah Banjar). Di tungtung kulon aya jalan nu puhuna ti Jalan Jendral Sudirman, Nagrak, deukeut SMPN 2 Ciamis. éta jalan téh dingaranan Jalan Cirahong sabab éta jalan téh ngaliwatan Jambatan Cirahong (aya luhureun Citanduy) nu brasna ka Manonjaya. Ka béh tengah aya deui jalan Tangkolo nu ngurilingan Dusun Rancautama tur nyambung ka Désa jeung sawah kaler. Salian ti éta di Désa Pawindan gé aya jalan kareta api jalur kidul titinggal Walanda. éta jalan kareta téh ngaliwatan jambatan Cirahong. Jambatan Cirahong mangrupa jambatan nu kawilang aheng sabab jalan kareta jeung jalan mobilna sajalur, henteu nyilang.
(Sonny Rohimat al-Baregbegi)