Samak; Tikar nyaéta amparan tilam anu dijieun tina daun pandan.[1] Di urang samak loba dijieun ku pangrajin ti daérah Tasikmalaya, aya ogé dipulo bawéan.[2]Sagigireun tina daun pandan, aya ogé samak anu dijieun tina daun vanili, daun kalapa, malah kiwari geus ngagunaken bahan plastik pikeun bahanna.[3]
Nguntun daun pandan jadi rupa-rupa pepernian/pakakas anu dipaké sapopoé, geus jadi ciri mandiri masarakat urang.[2] Utamana anu nganjrek di daérah basisir, di mana loba kampanggih tangkal pandan kalawan subur.[2] Timimiti samak, wadah béas, kantong sendal jeung sajabana. [2][1]
Sacara dasarna daun pandan cucuk ngabogaan loba kaunggulan di mana ciri-ciri anu dipiboga lamun dipaké luyu jeung kabutuhan bakal loba pisan mangpaatna. Daun pandan ngabogaan harambay/rambat anu cukup panjang sarta kuat matakna pohara alus pikeun dijadikeun bahan dasar sagala rupa barang kabutuhan.[1] Husus pikeun bahan anyaman, ngolah daun pandan cucuk téh rada bangga/hésé batan bahan anyaman séjénna lantaran kudu ngaliwatan tahapan ngagolakkeun jeung ngagaringkeun. Pikeun meunangkeun serat anu panjang, éta ogé kedah ngaleungitkeun zat lignin sareng selulosa. [2]Sanggeus ngaliwatan prosés ngolah daun cucuk pandan, éta bakal nembongkeun tékstur anu leuleus ieu jadi leuwih gampang diuntun. [2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |