Soto Jepara (soto bungbu) nyaéta soto anu dijieun kalawan mibanda ciri anu mandiri ti kota Jepara.[1] Sarérétan mah ieu soto sarua baé jeung soto hayam séjéna, pédah dina rasa kuah atawa cai kaldu leuwih gurih tibatan soto hayam anu lian.[2] Ogé dina bungbu anu digunakeun, daging sapi atawa jeroan diasakan henteu maké cipati.[2] Soto Jepara ogé dijual di warung-warung soto anu perenahna di Jepara, utamana di daérah Tahunan jeung Mayong.[2]
Pikeun nyieun soto Jepara, bahan-bahan anu kudu disayagikeun kayaning: pedes (merica), hayam kampung 1/5 kilo, jeruk mipis, bawang kucay satangkal, bawang bodas, daun jeruk purut, salédri 2 tangkal, bawang beureum, togé, kécap amis, uyah, gula bodas, penyedap saperluna, cai, jeung minyak goréng saperluna.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |