Vereenigde Oostindische Compagnie (VOC) atawa Kongsi Dagang (basa Inggris: the Dutch éast India Company) nyaéta sarékat dagang nu dijieun ku pamaréntah Walanda kalawan alpukahna Pangéran Mauritz jeung Johan van Olden Barnevelt ngaliwatan otoritas jeung lisénsi ti Staten-Generaal (Parlemén Walanda) kalawan dibuktikeun ku surat ijin (Octrooi).[rujukan?] VOC ngabogaan genep bagéan nu dieusi ku genep wilayah nagara bagéan di Walanda nyaéta Amsterdam, Middelburg (Zeeland), Enkhuizen, Delft, Hoorn, jeung Rotterdam nu disebut Kamer.[rujukan?] Unggal kamer nangtukeun wawakil pikeun dijadikeun diréktur, ti sakabéh kamer jumlah dirékturna nyaéta 17 urang nu disebut Heeren XVII (17 tuan-tuan). Amsterdam minangka nagara bagéan nu boga peran penting sarta markasna di dinya, dibéré hak jumlah dirékturna 8 ti Heeren XVII.[1]
Sanggeus ngabébaskeun diri ti panjajagan Spanyol taun 1581, bangsa Walanda ngawangun hiji Républik Belanda Serikat nu dibéré ngaran De Républiek der Verenigde Nederlanden.[rujukan?] Unggal nagara bagian dilengkepan ku déwan wawakil masing-masing (Staten).[rujukan?] Mangsa harita Walanda teu boga raja tapi aya kulawarga Oranye nu boga pungsi pikeun ngahijikeun nagara bagéan.[rujukan?] Iwal ti éta, aya hiji déwan wawakil nu ngawengku sakabéh nagara bagéan nu dingaranan Staten-Generaal.[rujukan?] Sistem padagangan nu boga aspék pulitik jeung aspék swasta aya patalina jeung kamekaran masarakat Walanda mangsa harita.[rujukan?] Dina kamekarana widang ékonomi umumna (hususna padagang) aya di lapisan sosial nu dingaranan kaum bougoeisie (borjuis) sedengkeun pulitik masih aya di lapisan kaum aristokrat.[rujukan?] Ku ayana gawé bareng éta, nyieun peluang bisa dilaksanakeun padagangan antarbuana di mangsa Modérn Awal harita.[rujukan?] Kalawan bekel peta ti Italia (Vénésia), taun 1595 kapal-kapal niaga Walanda mimiti dagang di Banten jeung Sunda Kalapa.[rujukan?] Padagangan éta dialpukahan ku padagang ti dayeuh Amsterdam kalawan lisénsi ti walikotana pikeun nyekel monopoli padagangan antara Amsterdan jeung Asia.[rujukan?] Wewengkon Zeeland di kidul ogé ngawangun perusahaan palayaran niaga.[rujukan?] Teu lila sababara kota séjén paheula heula ngawangun parusahaan palayaran niaga kalawan lisénsi ti walikotana séwang-séwangan.[1]
Lobana pausahaan palayaran niaga nu ngaku nyekel monopoli padagangan antara dayeuhna séwang-séwangan jeung Asia ngabalukarkeun bédana harga jual rempah-rempah nu diangkut ti Asia hususna Nusantara.[rujukan?] Taun 1598, Staten-Generaal ngajukeun usulan sangkan pausahaan nu loba ngahiji kalawan ngahijikeun kapentingan pikeun bangsa Walanda.[rujukan?] Diperlukeun waktu opat taun pikeun ngahijikeun éta pausahaan.[rujukan?] Kalawan bantuan ti pamaréntah séwang-séwangan sarta intervénsi ti kulawarga Oranye (Pangéran Mauritz), kaping 20 Maret 1602 Staten-Generaal ngaluarkeun hiji surat izin (Octrooi) ka hiji perusahaan nu dingaranan Verenigde Oost-Indische Compagnie (Sarékat Padagangan di Asia Wétan).[rujukan?] Octrooi éta lumaku 21 taun jeung bisa dibebener gumantung kabutuhan.[rujukan?] Modal perusahaan disetor ku unggal anggota pangurus perusahaan lokal ditambah ku saham nu dibeuli ku saha waé (Patiesipanten). [rujukan?]Nepi ka VOC bangkrut taun 1799, modal mimiti teu kungsi ditambahan nepi ka tambahan modal ngan gumantung ka dibeulina saham.[rujukan?] Nepi ka taun 1619 VOC teu boga puseur padagangan di Asia.[rujukan?] Ti taun 1602 Jendral VOC diangkat, kantorna ngan di hiji kapal VOC di basisir Nusantara.[rujukan?] Taun 1619, Gubernur Jendral Jan Pieterszoon Coen ngarebut Jayakarta ogé "dalem" ti Pangéran Wijayakrama nu boga kakawasaan salaku wawakil ti Karajaan Banten.[rujukan?] Kalawan ngarebut Jayakarta, VOC nyebut yén manéhna geus ngawasaan Karajaan Sunda nu mangsa harita perenahna ti Teluk Jakarta nepi ka Samudera Hindia.[rujukan?] Urut "dalem" nu direbut, Jan Pieterszoon Coen ngawangun hiji bénténg nu dibéré ngaran Batavia.[2]
Tujuan diwanguna VOC baris ditataan saperti ieu di handap:
Mimitina VOC teu ngabogaan kaleuwihan ti modal, kapal, personal jeung senjata dibandingkeun kongsi-kongsi dagang bangsa-bangsa Éropa séjénna.[rujukan?] Tapi VOC boga kaleuwihan, nyaéta tata gawé nu rapi jeung kakontrol dina hiji organisasi nu kuat.[rujukan?] Sangkan bisa ngalaksanakeun tugas kalawan laluasa, VOC dibéré hak Istiméwa ku Pamaréntah Walanda nu dipikawanoh ku hak Octrooi ngawengku ieu di handap:[4]
Hak Istiméwa éta lumaku pikeun 20 taun jeung bisa diperpanjang. Salila waktu 1602 nepi ka 1799 hak Octrooi geus diperpanjang 30 kali.[rujukan?] Hak éta lumaku di dua buana nyaéta Buana Amérika jeung Buana Aprika sarta antara Selat Magelhaéns (Amérika Kidul) jeung Cabo Bona Esperansa (Aprika Kidul). Dilaksanakeuna hak Octrooi nimbulkeun protés ti nagara séjén.[rujukan?] Sakumaha dilakukeun Hugo de Groot dina buku nu judulna Mare Liberum.[rujukan?] Yén laut téh bébas dipimilik jeung dilayaran ku saha waé ogé.[4]
Pikeun meunangkeun kauntungan nu leuwih gedé, VOC nerapkeun monopoli dagang.[rujukan?] Aturan nu ditetepkeun ku VOC dina ngalaksanakeun monopoli dagang baris ditataan saperti ieu di handap:[3]
Pikeun maréntah wilayah-wilayah di Indonésia nu geus dikawasaan, VOC ngangkat saurang Gubernur Jenderal nu dibantuan ku opat anggota nu disebut Raad van Indie (Déwan India).[rujukan?] Di handap gubernur jenderal diangkat sababaraha gubernur nu mingpin hiji daérah. Di handap gubernur aya résidén nu dibantuan ku asistén résidén.[rujukan?] Pamaréntahan di handapna dipasrahkeun ka pamaréntahan tradisional nyaéta raja jeung bupati. Sababaraha gubernur jenderal VOC anu dianggap suksés dina ngamekarkeun usaha dagang jeung kolonialisasi VOC di Indonésia antarana saperti ieu di handap:[3]
Mundur jeung bangkrutna VOC kajadian ti mimiti abad ka-18 dilantarankeun ku sababaraha hal saperti ieu di handap:[3]
Taun 1795 diwangun panitia pembubaran VOC.[rujukan?] Taun éta ogé hak-hak istiméwa VOC (Octrooi) dihapus. VOC dibubarkeun kaping 31 Désémber 1799 kalawan saldo karugian 134.700.000 gulden.[rujukan?] Saterusna hutang jeung kabeungharan VOC diambil alih ku pamaréntah Karajaan Walanda.[3]