Wanaraja | |
---|---|
Peta lokasi Kacamatan Wanaraja | |
Nagara | Indonésia |
Propinsi | Jawa Barat |
Kabupatén | Garut |
Lega | - km² |
Pangeusi | - |
Kapadetan | - jiwa/km² |
Kode Kemendagri | 32.05.03 |
Désa/kalurahan | - |
Wanaraja nyaéta hiji kacamatan di Kabupatén Garut, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.[1] mibanda kode POS 44183.[2] Aya hiji kabiasaan nu perlu ditiru ku daérah séjén, taya lian aya hiji pasantrén nu mana unggal poé kemis malem jumaah sok ngalaksanakeun solat hajat babarengan.[3] Mustamina ogé henteu saeutik, juljol daratang ti unggal daerah malah aya nu datang ti saluareun Garut ogé, timimiti rahayat biasa nepika para inohong jeung selebriti.[3]
Dina cara tatanén di Wanaraja ngajalankeun hiji konsép tatanén rami terpadu, numana kiwari geus bisa ngabantu nyumponan kabutuhan ékonomi di éta wewengkon.[1] Lahan nu geus disadiakeun pikeun melak tangkal rami legana 34 ha, ieu ogé kaasup diversifikasi usaha nu geus aya sagigireun, ngukut hayam, domba, tani supa, rupa-rupa karajinan, jeung réa-réa deui.[1]
Salah saurang inohong sunda nu kawentar taya lian Prof.K.H Anwar Musadda, mangsa nuju anomna nyantri di pasantren Cipari, Wanaraja.[4] Nepika kiwari masjid Cipari jadi hiji cagar budaya, kaasup salah sahiji situs tininggal zaman kolonial.[5] Aya deui keris (duhung) nu kapanggih di Cimanuk hilir, titinggal jaman karajaan Hindu di Jawa Barat. [6] Di Wanaraja ogé ngadeg salah sahiji pabrik, pangolahan walirang nu dihasilkeun ti sababarah gunung salah sajijina gunung patuha.[7]