céri kopi ngora

Buah nyaéta bagian tina tutuwuhan kembangan anu mangrupa parobahan tina bakal buah; Pibuaheun (ovarium). Buah biasana ngabungkus siki. Ieu wangenan henteu ngawengku buah dina harti tatanén (hortikultura) atawa pangan. Alatan éta sakapeung buah kalawan harti nu ieu disebut buah sajati pikeun ngabédakeun jeung buah anu kabentuk tina bagian séjén tutuwuhan. Buah mindeng ogé mibanda ajén ékonomi minangka bahan pangan atawa bahan baku industri alatan di jerona ngandung sagala produk métabolisme tutuwuhan nu ngawengkukarbohidrat, protéin, lemak, vitamin, mineral, alkaloid, nepi ka terpéna sarta terpénoid. Élmu anu ngulik sagala hal ngeunaan buah dingaranan pomologi.

Buah dina harti botani jeung harti tatanén atawa pangan

Harti botani

Dina panempo botani, buah nyaéta buah sajati sakumaha anu disebutkeun di luhur. Dina watesan ieu, rupa-rupa buah bisa pohara jembar, ngawengku buah manggah, buah apel, buah tomat, cabé, paré, 'siki' jagong, 'siki' kembang srangéngé, 'siki' pedes, atawa peuteuy, kacang taneuh. Dumasar watesan ieu, buah jambu monyét atawa buah nangka henteu kaasup buah sajati.

Harti hortikultura atawa pangan

Buah dina harti hortikultura atawa pangan mangrupa harti anu dipaké ku balaréa. Dina harti ieu, watesan buah jadi leuwih lega. Saban bagian tutuwuhan dina kulit taneuh anu tumuwuh ngagedéan sarta (biasana) boga daging atawa réa ngandung cai bisa disebut buah. Dina harti ieu, urang bisa manggihan buah dina harti botani anu digolongkan sasayuran, kawas buah tomat, buah cabé, peuteuy, kacang panjang, sarta buah bonténg. Urang ogé bisa manggihan buah henteu sajati anu digolongkan minangka bungbuahan, kawas "buah" jambu monyét (anu sabenerna mangrupa dasar kembang anu ngagedéan; buah anu sajatina mah nyaéta bagian tungtung anu ngabentuk kawas monyét dongko), "buah" nangka (tongkol kembang anu ngagedéan); buah anu sajatina mah nyaéta eusi buah nangka anu boga kelir bodas, geutahan, sedengkeun bagian "daging buah" anu didahar jelema nyaéta hateup kembang), atawa "buah" ganas.

Sebutan husus pikeun buah

Ngaran pentil

Ngaran buah ngora

Ngaran buah

Sesebutan buah séjénna (buah nu aya dina tangkalna)

Sifat bubuahan

Tempo ogé

Rujukan

Hidayat, Rachmat Taufik, spk., Peperenian Urang Sunda, Kiblat, Bandung, 2005.