Kawung | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | Arecales
|
Kulawarga: | |
Génus: | Arenga
|
Spésiés: | A. pinnata
|
Ngaran binomial | |
Arenga pinnata (Wurmb) Merr.
|
Kawung (Arenga pinnata at. Arenga saccharifera) tangkal Arecaceae pituin alam tropis Asia, ti India wétan nepi ka Malaysia, Indonésia, jeung Pilipina.[1] gedéna kaasup palem ukuran sedeng, jangkungna bisa nepi ka 20 m, anu watangna renjul ku puhu dahan/barangbang. Panjang daunna 6–12 m, sedengkeun lébarna 1,5 m, diwangun ku jarum daun nu lobana 1-6 kolom (panjang 40–70 cm, lébar 5 cm). Buahna, katelah 'caruluk', ngaruntuy, diaméterna 7 cm.[2][3][4]
Najan teu digolongkeun kaancam punah, di sababaraha wewengkon mah ieu spésiés beuki carang populasina.
Masarakat tradisional mikawanoh kawung ku loba mangpaatna, kayaning diala lahanna pikeun diinum atawa dijieun cuka, gula, diala injukna, pakang, harupat, ruyung, lunglum atawa kawul, daun kawung, jeung nyéré, buahna cangkaléng .[2]
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan: Arenga pinnata |