Aya usul yeuh, supaya ieu artikel atawa bagéanna téh dihijikeun jeung lalay. (Sawalakeun)
Kalong
"Chiroptera" tina Artforms of Nature karya Ernst Haeckel, 1904
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Chiroptera

Blumenbach, 1779
Subordo

Megachiroptera
Microchiroptera
Baca téks pikeun famili-familina.

Kalong mangrupa sasatoan sajinis nu bisa hiber mung dina pangawakanna Badag. upami lalay mangrupa sajinis kénéh jeung Kalong mung pangawakanna leutik. dua duana mangrupa mamalia dina ordo Chiroptera. Nu jadi ciri téh yén anggota awak hareupna mekar jadi jangjang, ngajadikeun ieu sato jadi hiji-hijina mamalia nu bisa hiber (mamalia lianna kawas bajing hiber mah bisa sotéh ukur ngalayang, lain hiber dina harti sabenerna). Kacap Chiroptera téh tina basa Yunani nu hartina "leungeun hiber". Kalong kabagi kana 1.100 an spésiés nu sumebar saalam dunya: kira 20% ti sakabéh spésiés mamalia.

Kira 70% kalong sipatna inséktivora, sedengkeun sésana mah ngahakan bungbuahan (atawa cairanana), nyeuseup getih (tilu spésiés), jeung ngamangsa vertebrata. Kalong-kalong ieu ngawengku kalong irung daun (Phyllostomidae) ti Amérika Tengah jeung Kidul, sarta kalong bulldog (Noctilionidae) nu ngahakanan lauk. Kalong jurig (ghost bat, Macroderma gigas) ti Australia mangrupa salah sahiji conto spésiés karnivora nu ngamangsa kalong lianna.

Aya sababaraha spésiés kalong leutik nu boga peran dina penyerbukan sababaraha rupa kembang tropis. Malah, kiwari geus kapanggih yén aya loba tutuwuhan tropis nu gumantung ka kalong téh lain ukur nalika penyerbukan, tapi ogé pikeun nyebarkeun sikina.

Klasifikasi

Kalong Rebing Townsends, Corynorhinus townsendii

Kalong digolongkeun kana dua subordo:

  1. Megachiroptera (kalong badag (nu disebut Kalong), macrobat)
  2. Microchiroptera (kalong leutik (du disebut Lalay), microbat)

Anapon ciri nu ngabédakeunana, nyaéta

Bukti génétik nunjukkeun yén sababaraha mikrokalong ("Yinochiroptera") leuwih deukeut ka mégakalong batan ka mikrokalong lianna ("Yangochiroptera"). Aya sababaraha bukti morfologis nu nuduhkeun évolusi Megachiroptera misah ti Microchiroptera. Mun nuturkeun téori ieu, Microchiroptera bakal teu puguh pancakakina. Mun adaptasi hiber dikaluarkeun tina analisis kladistik, Megachiroptera jadi ngahiji jeung primata dumasar fitur anatomis nu teu sarupa jeung Microchiroptera.

Sacara tradisional, kalong dihijikeun jeung golongan Scandentia, Dermoptera, jeung primata dina superordo Archonta alatan kamiripan antara Megachiroptera jeung mamalia ieu. Tapi, studi molekulér nempatkeun ieu sato salaku dulurna Fereuungulata, golongan nu ngawengku karnivora, Pholidota, Perissodactyla, Artiodactyla, jeung paus.

Pipistrellus pipistrellus

Baranahan

Koloni Kalong Ceuli-beurit, Myotis myotis.

Kalong mah anakanana hiji-hiji unggal taunna. Anakna biasana mah cicing dina sayangna (nu bisa baé dieusi ku sababaraha indung-anak), najan kadang bisa nangkod ka indungna. Indung kalong ieu bisa apal ka anakna ti antara jutaan anak kalong lianna.

Pangabisa kalong pikeun hiber sipatna kongenital, tapi ari pas borojol mah jangjangna leutik teuing. Mimiti bisa mandiri dina umur 6-8 minggu, sarta nincak sawawa dina umur dua taunan.

Kabiasaan jeung paripolah

Struktur sosial kalong mah rupa-rupa, aya nu nyorangan, aya ogé nu ngoloni guha nu dieusi ku jutaan kalong. Struktur sosial fisi-fusi ogé aya.

Véktor rabiés

Jihat budaya

Rujukan

Baca ogé

Tumbu kaluar

Mamalia
Monotremata

Placentalia: Xenarthra | Dermoptera | Desmostylia | Scandentia | Primates | Rodentia | Lagomorpha | Insectivora | Chiroptera | Pholidota | Carnivora | Perissodactyla | Artiodactyla | Cetacea | Afrosoricida | Macroscelidea | Tubulidentata | Hyracoidea | Proboscidea | Sirenia

Marsupialia: Didelphimorphia | Paucituberculata | Microbiotheria | Dasyuromorphia | Peramelemorphia | Notoryctemorphia | Diprotodontia