Leuweung atawa Wana hartina wewengkon nu miboga tatangkalan nu loba, biasana mangrupa bentukan alami dina jangka waktu nu kaitung lila (sahanteuna puluhan/ratusan taun).[1] [2] Komunitas tatangkalan (vegetasi) ieu nutupan wewengkon nu lega tempat nyerep karbon dioksida, habitat sasatoan, modulator aliran hidrologis, jeung panahan taneuh, nu mangrupa salah sahiji aspék pangpentingna dina biosfir urang.[3]
Leuweung bisa kapanggih di mana waé nu bisa miara tumuwuhna tatangkalan, iwal wewengkon nu mindeng teuing ngalaman kahuruan (alami), atawa di wewengkon nu lingkunganana geus kasilih ku prosés alami séjénna atawa ku manusa. Leuweung bisa ngandung rupa-rupa spésiés tatangkalan dina wilayah anu heureut (misalna di leuweung tropis), bisa ogé ngawengku wilayah anu lega tapi ukur boga sababaraha rupa spésiés (rada homogén, misalna taiga jeung leuweung konifér). Nya sacara umum mah, leuweung nu didominasi ku angiospermae sok beunghar spésiés-spésiésna, sedengkeun nu didominasi ku gymnospermae mah teu pati. Leuweung ilaharna mah jadi panyicingan rupa-rupa spésiés sato jeung tutuwuhan, nu mibanda biomassa per unit legana leuwih luhur batan tipe vegetasi lian. Biomassa ieu lolobana tumuwuh di jero taneuh, dina sistim akar (di antarana salaku hasil dekomposisi). salah sahiji komponén kai nyaéta lignin, nu alon pisan dekomposisina batan bahan organik lianna samodél selulosa atawa karbohidrat.
Bioma-bioma leuweuh nu utama di antarana:
Leuweung bisa digolongkeun ku cara nu béda-béda, di antarana dumasar bioma.
Ngulik leuweung sacara ilmiah disebutna ékologi leuweung, sedengkeun ngokolakeun leuweung katelahna kaleuweungan (? huahua... kehutanan, forestry), nu mimindengna ditujukeun kana ékstraksi sumberdaya nu sifatna sustainable, mayeng. Para ahli ékologi leuweung museurkeun kana pola jeung prosés leuweung, nu tujuana pikeun ngagali hubungan sabab-balukar. Ana para ahli kehutanan, fokusna téh kana ékstraksi ngala kai jeung silviculture, kaasup régenerasi jeung prosés tumuwuhna tangkal.
Leuweung bisa rusak alatan dituaran, kahuruan, hujan asam, hérbivora, jeung kasakit. Utamana di Indonésia, karuksakan leuweung téh lolobana alatan dibukbak diala kaina, dikonversi jadi lahan tani, kebon kalapa sawit, padumukan jalma, jeung industri bari teu kakontrol, nu antukna, balukarna, jadi mamala pikeun urang urang kénéh.
![]() |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Forest. |