Tropis nyaéta daérah atawa wewengkon anu pernahna aya dipalebah/sabudeureun khatulistiwa [1] disebut ogé garis isotherm cidekna bisa waé beulah kidul atawa kalér,[2] daérah anu mibanda iklim tropis bisa waé dina palebah guratan 23,5 darajat lintang kidul jeung 23,5 darajat lintang kalér[2]. Tropis asal kecap tina basa Yunani "tropicos" anu hartina garis balik, maksudna garis/gurat anu pernahna 23,27 darajat kidul jeung kalereun bumi[3].
Daérah-daérah anu pernahna aya dina wewengkon tropis bisa dibedakeun kana dua kaayaan; daérah tropis garing anu ngawengku bioma stepa, bioma savana, jeung gurun.[2] Dérah tropis baseuh/lembab ngawengku daérah leuweung hujan tropis (bioma leuweung hujan), daérah anu mibanda usum-usum jemlék[2].
Leuweung di di wewengkon tropis mibanda ciri mandiri pangeusina leuwih kékép, dauna garomplok ku lantaran kitu leuweungna jadi leuwih poék. Sababaraha tangkal anu hirup di leuweung tropis:
![]() |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Tropis . |
|
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |