Marcapada (ᮙᮁᮎᮕᮓ), ogé disebut Bumi (ᮘᮥᮙᮤ), (Ing. earth, atawa Terra), mangrupa planét tempat manusa hirup, planét katilu luareun Panonpoé. Marcapada mangrupa hiji-hijina planét téréstrial di Surya Mandala, sarta hiji-hijina planét nu mibanda kahirupan, sahanteuna kitu nu dipikanyaho élmu modérn. Planét ieu mibanda hiji satelit alam, bulan, nu kabentuk watara 4,5 milyar taun ka tukang. Biosfir Bumi sacara lalaunan beuki lila ngarobah atmosfir jeung kondisi fisik dasar séjénna, anu ngakibatkeun kembangbiakna organisme sarta kawangunna lapisan ozon, anu bareng jeung médan mahnit Marcapada ngahalangan radiasi surya nu pibahayaeun jeung ngawidian mahluk hirup mikroskopis ambéh terus kembang biak kalawan aman di daratan. Sifat fisik, sajarah géologi, jeung orbit Bumi ngakibatkeun kahirupan bisa terus laksana.
Litosfir Marcapada kabagi jadi sawatara ségmén kaku, atawa lémpéng téhtonik, anu ngalaman unggutan di kabéh buntala Marcapada salila yutaan tahun. Leuwih ti 70% buntala Marcapada dilimpudan ku cai, jeung sésana diwangun ku buana jeung pulo-pulo anu mibanda loba pisan situ jeung sumber cai séjénna anu jadi bahan jang ngajieun Hidrosfir. Kutub Bumi sawaréhna kalimpudan ku és; és padet di Antartika jeung és sagara di és kutub. Intérior Marcapada aktif kénéh nepi ka ayeuna, jeung miboga inti jero anu diwangun ku beusi padet, sedengkeun inti luarna mangrupa fluida anu mikacipta médan mahnit, jeung lapisan kandel anu rélatif padet dina bagéan mantél.