Soto Batawi (Aksara Sunda Baku: ᮞᮧᮒᮧ ᮘᮒᮝᮤ) nyaéta kadaharan wujudna soto anu mibanda ciri mandiri ti daérah Jakarta.[1] Eusina méh sarua jeung soto Madura atawa soto sulung, sagigireun bahan dasarna tina daging ogé maké daging jeroan.[2] Dina Kuahna soto Batawi, taya lian ti campuran cipati jeung susu, nya ku campuran ieu pisan anu ngabédakeun soto batawi jeung soto-soto séjéna nu aya di Indonesia.[1][3]
Sebutan soto Batawi sorangan mimiti katelah kurang leuwih taun 1977-1978, tapi lain hartina saméméh éta taun can aya soto.[4] Baheula mah soto anu kiwari disebut soto Batawi téh, dijual ngan wungkul maké ngaran anu ngajualna, saperti soto Pak "pulan" atawa sebutan séjén pikeun ngabédakeunna.[2] Kiwari soto Batawi geus loba dijual di saluareun kota Jakarta, tur geus jadi bagéan anu penting dina widang kuliner Indonesia.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |