Stasion Gambir
| |
---|---|
| |
Stasion Gambir ditempo ti hareup | |
Lokasi | Jalan Médan Merdéka Wétan No. 1 Gambir, Gambir, Jakarta Pusat, DKI Jakarta, 10110 Indonésia |
Koordinat | Citakan:Country abbreviation 6°10′36″S 106°49′50″E / 6.176716°S 106.830508°EKoordinat: Citakan:Country abbreviation 6°10′36″S 106°49′50″E / 6.176716°S 106.830508°E |
Luhur | +16 m |
Operator | Daérah Operasi I Jakarta |
Letak ti pangkal | km 5+540 lintas Jakarta Kota-Manggarai-Bogor[1] |
Jumlah péron | Dua péron pulo antara jalur 1 jeung 2 sarta antara jalur 3 jeung 4 anu sarua jangkungna |
Jumlah jalur | 4 (jalur 2 jeung 3: sepur lempeng) |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Badag tipeu A[2] |
Sejarah | |
Dibuka | 1884 |
Diwangun deui | 1992 |
Ngaran saméméhna | Station Koningsplein/Weltevreden |
Layanan | |
Argo Wilis, Argo Bromo Anggrék, Argo Lawu (régulér & fakultatif), Argo Dwipangga (régulér & fakultatif), Argo Sindoro (régulér & fakultatif), Argo Muria (régulér & fakultatif), Argo Cheribon, Argo Parahyangan (régulér & fakultatif), Gajayana (régulér & fakultatif), Bima, Turangga, Sembrani (régulér, fakultatif, & tambahan), Taksaka (régulér & fakultatif), Bangunkarta, Purwojaya (régulér & fakultatif), Mutiara Selatan, sarta Pangandaran | |
Fasilitas jeung téknis | |
Tipeu pasinyalan | Éléktrik tipeu Siemens Solid State Interlocking[3] |
Pamesenan tikét | Sistem tikét online; ngalayanan pamesenan langsung sarta parobahan/ngabolaykeun kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa chéck-in mandiri pikeun nyitak boarding pass. |
Lokasi dina peta |
Stasion Gambir (GMR) (Aksara Sunda Baku: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮌᮙ᮪ᮘᮤᮁ) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna di Gambir, Gambir, Jakarta Pusat, pasna di wétaneun Monumén Nasional (Monas) sarta kahubung jeung aksés jalan ka Monas. Stasion ieu dirénovasi pas dasawarsa 1930-an kalawan ngaran Stasion Koningsplein sarta dirénovasi gedé-gedéan jadi stasion jalur layang di taun 1990-an. Stasion anuaya dina tingkat kaluhuran +16 méter ieu kaasup ka Daérah Operasi I Jakarta. Stasion ieu boga opat jalur karéta api kalawan jalur 2 jeung jalur 3 anu jadi sepur lurusna.
Stasion ieu ngalayanan karéta api kelas éksekutip sarta sawaréh kelas campuran (KA Argo Parahyangan, KA Argo Cheribon, KA Mutiara Selatan, KA Purwojaya Fakultatif, sarta KA Pangandaran) jurusan kota-kota penting jeung utama di Pulo Jawa. KRL Commuter Line henteu eureun ngalayanan panumpang di ieu stasion ti saprak patengahan taun 2012[4]; sedangkeun pikeun karéta api kelas ékonomi, kelas bisnis, sawaréhna deui kelas campuran, sarta sawaréh lalampahan KRL dilayanan di Stasion Pasar Senén. Di Stasion Gambir sayaga layanan beus DAMRI anu salah sahiji ruteuna ka Bandara Soekarno-Hatta.
Di wilayah Weltevreden anu aya di Beulah katuhu Garéja Willem di Koningsplein Oost, kiwari Médan Merdéka Wétan, di taun 1871 mangrupa Halteu Koningsplein (Halte Lapangan Raja).[5] Halteu karéta api ieu jarakna babaraha ratus méter kiduleun Stasion Gambir anu ayeuna. Halteu éta dikokolakeun nepi taun 1884 ku Nederlands-Indische Spoorweg Maatschappij (NIS). Wangunanna leutik sarta basajan pisan.
Halteu éta tuluy digentikeun ku Stasion Weltevreden, anu dibuka tanggal 4 Oktober 1884 di tempat Stasion Gambir kiwari. Nepi ka taun 1906, stasion ieu mangrupa stasion kaberangkatan pikeun karéta jurusan Bandung jeung Surabaya. Gedongna miboga hateup anu nyangga kana babantal beusi cor dumasar rancangan SS (Staatsspoorwegen), numutkeun ka katerangan di taun 1881. NIS nepi ka harita henteun masang hateup model kitu, sedengkeun SS geus masang di babaraha tempat.[6]
Di taun 1928, saenggeus dicokot alihna SS di taun 1913, stasion éta digedéan sarta sataun saenggeusna dirombak gedé-gedéan sarta gaya arsitékturna make gaya art deco. Hateupna tuluy dipanjangan nepi ka beulah kalér sapanjang 55 méter. Tuluy di taun 1937 stasion ieu diresmikeun minangka Stasion Batavia Weltevreden SS tuluy ngaran stasion ieu digenti jadi Gambir.[7]
Wangun stasion ieu teu robah saenggeus Indonésia merdéka nepi ka dékadeu 80-an. Di taun 1988, bareng jeung pangwangunan jalur layang Jakarta Kota - Manggarai, stasion ieu mimiti dirénovasi gedé-gedéan kalawan ngagenti wangunan heubeul ku wangunan anyar anu masih aya nepi ka kiwari.
Majalah Tempo édisi 13 Juni 1992 kungsi nyatet diresmikeunna jalur layang ségmén Manggarai-Jakarta Kota. Di tanggal 5 Juni 1992, Présidén Soeharto jeung Ibu Tien sarta réngrénganna di pamaréntahan nagresmikeun Stasion Gambir anu anyar sarta naék KRL ti Gambir ka Stasion Jakarta Kota.[8] Wangunan stasion ieu geus modéren kalawan panél warna héjo pupus anu nepi ka kiwari masih dipertahankeun sarta teu pernah dirobah cétna. Proyék anu dimimitian bulan Pébruari 1988 éta méakkeun dana Rp432,5 miliar rupiah jeung naika diresmikeun, proyékna can lekasan nepi ka bisa beroperasi penuh sataun sanggeusna.[9][10]
Bareng jeung bérésna jalur layang ieu, jalur karéta nu aya di handap mimiti dicabut, sarta ti taun 1994 aréa anu baheulana Stasion Gambir heubeul geus jadi tempat parkir mobil.
Dumasar masterplan anu dijieun ku Kementrian Perhubungan Républik Indonésia, stasion ini dirancang jadi stasion husus KRL. Masterplan ieu bijil deui nalika Stasion Manggarai dirancanakeun jadi pangeureunan karéta api panumpang non-KRL pikeun ngurangan volumeu antrian karéta api panumpang di jalur layang anu kadang ngaganggu KRL Commuter Line. Akibatna, Kemenhub mutuskeun pikeun misahkeun jalur karéta api non-KRL jeung KRL Commuter Line saenggeus proyék Stasion Manggarai "séntral" lekasan.[11][12] Dengan selesainya proyek Stasion Manggarai sebagai stasion sentral pada tahun 2021 mendatang, direncanakan semua karéta penumpang jarak jauh/menengah yang terminusnya di Stasion Gambir akan dipindahkan ke Stasion Manggarai.[13][14]
Stasion ieu lain tempat pangeureunan pikeun KRL Commuter Line. Stasion KRL pangdeukeutna nyaéta Gondangdia jeung Juanda. Sanajan PT KAI nerapkeun sistem boarding pass,[15] sakabéh lalampahan KRL henteu euruen di Stasion Gambir.
Aya tilu tingkat di wangunan ieu stasion. Aula utama, lokét, babaraha réstoran jeung toko, sarta mesin ATM aya di tingkat nu kahiji. Tingkat kadua nyaéta rohangan tunggu kalawan babaraha réstoran cepat saji jeung kafétaria, sedengkeun péron aya di tingkat katilu. Ku sabab stasion ieu kaasup stasion gedé, beware stasion maké dwibasa, nyaéta basa Indonésia jeung Inggris.
Kiwari, di stasion ieu aya "Rail Transit Suite", nyaéta hotél transit husus pikeun para panumpang karéta api anu rék reureuh.[16]
Stasion ieu miboga ciri has mangrupa bél lagu instruméntal Kicir-Kicir anu sok diputer unggal karéta api datang.
Ieu jadwal karéta api panumpang anu eureun di Stasion Gambir per 10 Maret 2020 (révisi Gapéka 2019).
No. KA | KA | Jurusan | Kelas | Nepi | Indit |
---|---|---|---|---|---|
49*) | Argo Parahyangan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 00.06 | - |
29 | Argo Cheribon | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 01.13 | - | |
51 | Argo Parahyangan | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 01.23 | - | |
81 | Sembrani | Éksekutip Satwa & Luxury | 03.55 | - | |
75 | Gajayana | 04.05 | - | ||
9 | Argo Dwipangga | Éksekutip Argo & Luxury | 04.20 | - | |
85 | Taksaka | Éksekutip Satwa & Luxury | 04.45 | - | |
79 | Bangunkarta | Éksekutip Satwa | 04.53 | - | |
2 | Argo Wilis | Surabaya Gubeng (SGU) liwat Bandung Hall (BD) | Éksekutip Argo | - | 05.00 |
5 | Argo Bromo Anggrék | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Luxury | 05.15 | - |
7006 | Pangandaran | Banjar (BJR) | Éksekutip & Ékonomi AC Prémium | - | 05.30 |
74/71 | Bima | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa | 05.43 | - |
28 | Argo Cheribon | Cirebon Kejaksan (CN) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 06.05 |
38*) | Argo Parahyangan | Bandung Kiaracondong (KAC) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | - | 06.15 |
14 | Argo Muria | Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip Argo | - | 06.55 |
35 | Argo Parahyangan Excellence | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 07.10 | - |
56A | Argo Parahyangan | Bandung Hall (BD) | Éksekutip Argo & Luxury | - | 07.10 |
34 | Argo Cheribon | Cirebon Kejaksan (CN) | - | 07.30 | |
7030A | Argo Parahyangan | Bandung Kiaracondong (KAC) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | - | 07.50 |
10 | Argo Dwipangga | Solo Balapan (SLO) | Éksekutip Argo & Luxury | - | 08.00 |
4 | Argo Bromo Anggrék | Surabaya Pasarturi (SBI) | - | 08.15 | |
37A*) | Argo Parahyangan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 08.22 | - |
40*) | Bandung Hall (BD) | - | 08.55 | ||
77 | Turangga | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa | 09.19 | - |
84 | Taksaka | Yogyakarta Tugu (YK) | Éksekutip Satwa & Luxury | - | 09.30 |
15 | Argo Cheribon | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 09.34 | - |
16 | Tegal (TG) | - | 10.00 | ||
39 | Argo Parahyangan | Jakarta Gambir (GMR) | 10.12 | - | |
19 | Argo Cheribon | 10.43 | - | ||
42 | Argo Parahyangan | Bandung Kiaracondong (KAC) | - | 10.45 | |
20 | Argo Cheribon | Tegal (TG) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 11.10 |
23 | Jakarta Gambir (GMR) | 11.45 | - | ||
11 | Argo Sindoro | Éksekutip Argo | 12.00 | - | |
24 | Argo Cheribon | Cirebon Kejaksan (CN) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 12.20 |
53 | Argo Parahyangan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 12.40 | - |
54 | Bandung Hall (BD) | - | 13.10 | ||
106/103 | Mutiara Selatan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip & Ékonomi AC Prémium | 13.16 | - |
78 | Turangga | Surabaya Gubeng (SGU) liwat Bandung Hall (BD) | Éksekutip Satwa | - | 14.00 |
67F*) | Argo Parahyangan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 14.01 | - |
33 | Argo Cheribon | Éksekutip Argo & Luxury | 14.05 | - | |
68A*) | Argo Parahyangan | Bandung Hall (BD) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | - | 14.25 |
55 | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Luxury | 14.31 | - | |
41*) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 15.00 | - | ||
80 | Bangunkarta | Surabaya Gubeng (SGU) liwat Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip Satwa | - | 15.20 |
44*) | Argo Parahyangan Excellence | Bandung Hall (BD) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | - | 15.40 |
12 | Argo Sindoro | Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip Argo | - | 16.15 |
72/73 | Bima | Surabaya Gubeng (SGU) nyambung ka Malang Kotabaru (ML) | Éksekutip Satwa | - | 16.40 |
83 | Taksaka | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa & Luxury | 16.42 | - |
7 | Argo Lawu | Éksekutip Argo & Luxury | 16.57 | - | |
104/105 | Mutiara Selatan | Surabaya Gubeng (SGU) nyambung ka Malang Kotabaru (ML) liwat Bandung Hall (BD) | Éksekutip & Ékonomi AC Prémium | - | 17.10 |
43 | Argo Parahyangan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 17.16 | |
27 | Argo Cheribon | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 17.24 | - | |
3 | Argo Bromo Anggrék | Éksekutip Argo & Luxury | 17.30 | - | |
46 | Argo Parahyangan | Bandung Hall (BD) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | - | 17.45 |
76 | Gajayana | Malang Kotabaru (ML) | Éksekutip Satwa & Luxury | - | 18.00 |
30 | Argo Cheribon | Cirebon Kejaksan (CN) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 18.10 |
45*) | Argo Parahyangan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 18.17 | - |
48*) | Bandung Hall (BD) | - | 18.45 | ||
82 | Sembrani | Surabaya Pasarturi (SBI) | Éksekutip Satwa & Luxury | - | 19.00 |
7001A | Argo Parahyangan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 19.14 | - |
7002A | Bandung Hall (BD) | - | 19.45 | ||
17 | Argo Cheribon | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 19.59 | - |
6 | Argo Bromo Anggrék | Surabaya Pasarturi (SBI) | Éksekutip Argo & Luxury | - | 20.30 |
18 | Argo Cheribon | Cirebon Kejaksan (CN) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 20.40 |
25 | Jakarta Gambir (GMR) | 20.44 | - | ||
8 | Argo Lawu | Solo Balapan (SLO) | Éksekutip Argo & Luxury | - | 21.00 |
26 | Argo Cheribon | Tegal (TG) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 21.10 |
90/87 | Purwojaya | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa | 21.19 | - |
86 | Taksaka | Yogyakarta Tugu (YK) | Éksekutip Satwa & Luxury | - | 21.30 |
47 | Argo Parahyangan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | 21.31 | - |
21 | Argo Cheribon | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | 21.41 | - | |
88/89 | Purwojaya | Kroya (KYA) nyambung ka Cilacap (CP) | Éksekutip Satwa | - | 21.55 |
13 | Argo Muria | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo | 22.04 | - |
50 | Argo Parahyangan | Bandung Hall (BD) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | - | 22.05 |
175 | Pangandaran | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip & Ékonomi AC Prémium | 22.25 | - |
22 | Argo Cheribon | Cirebon Kejaksan (CN) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Plus | - | 22.30 |
52 | Argo Parahyangan | Bandung Hall (BD) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | - | 22.55 |
69A*) | Jakarta Gambir (GMR) | 22.59 | - | ||
1 | Argo Wilis | Éksekutip Argo | 23.15 | - | |
70F*) | Argo Parahyangan | Bandung Hall (BD) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | - | 23.30 |
No. KA | KA | Jurusan | Kelas | Nepi | Indit |
---|---|---|---|---|---|
62F | Argo Sindoro Fakultatif | Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip Argo | - | 00.30 |
66F*) | Argo Parahyangan | Bandung Hall (BD) | Éksekutip Argo & Ékonomi AC Prémium | - | 00.40 |
65F*) | Jakarta Gambir (GMR) | 02.02 | - | ||
97F | Taksaka Fakultatif | Éksekutip Satwa | 03.23 | - | |
7007 | Sembrani Tambahan | 05.06 | - | ||
59F | Argo Dwipangga Fakultatif | Éksekutip Argo | 06.11 | - | |
98F | Taksaka Fakultatif | Yogyakarta Tugu (YK) | Éksekutip Satwa | - | 08.35 |
60F | Argo Dwipangga Fakultatif | Solo Balapan (SLO) | Éksekutip Argo | 09.45 | - |
63F | Argo Muria Fakultatif | Jakarta Gambir (GMR) | 11.01 | - | |
91F | Gajayana Fakultatif | Éksekutip Satwa | 11.15 | - | |
64F | Argo Muria Fakultatif | Semarang Tawang (SMT) | Éksekutip Argo | - | 11.30 |
94F | Sembrani Fakultatif | Surabaya Pasarturi (SBI) | Éksekutip Satwa | - | 15.05 |
102F/99F | Purwojaya Fakultatif | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus/Prémium | 16.02 | - |
100F/101F | Kroya (KYA) nyambung ka Cilacap (CP) | - | 16.30 | ||
57F | Argo Lawu Fakultatif | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Argo | 18.58 | - |
96F | Taksaka Fakultatif | Yogyakarta Tugu (YK) | Éksekutip Satwa | - | 19.20 |
93F | Sembrani Fakultatif | Jakarta Gambir (GMR) | 19.45 | - | |
58F | Argo Lawu Fakultatif | Solo Balapan (SLO) | Éksekutip Argo | 22.20 | - |
61F | Argo Sindoro Fakultatif | Jakarta Gambir (GMR) | 23.40 | - | |
92F | Gajayana Fakultatif | Malang Kotabaru (ML) | Éksekutip Satwa | - | 23.55 |
Keterangan:
*) = Membawa karéta kelas éksekutip priority yang berisi 30 tempat duduk
Jinis angkutan umum | Trayék | Jurusan |
---|---|---|
Transjakarta | [[Koridor 2 Transjakarta|Citakan:Transjakarta symbol]] | Harmoni-Pulo Gadung 1 (di halteu Gambir 1 jeung Gambir 2) |
[[Koridor 2 Transjakarta|Citakan:Transjakarta symbol]] | Rawa Buaya-Pulo Gadung 1 (di halteu Gambir 1 jeung Gambir 2) | |
[[Koridor 2 Transjakarta|Citakan:Transjakarta symbol]] | Kalideres-ASMI (di halteu Gambir 1 jeung Gambir 2) | |
[[Koridor 7 Transjakarta|Citakan:Transjakarta symbol]] (Koridor 7F) | Kampung Rambutan-Harmoni (di halteu Gambir 1 jeung Gambir 2) | |
6H (MetroTrans) | Terminal Pasar Senén-Lebak Bulus (di halteu Gambir 1) | |
1P (MetroTrans) | Terminal Pasar Senén-Bunderan Senayan | |
Transjabodetabék Régulér | TJ4 | Terminal Pasar Senén-Terminal Poris Plawad (liwat Kyai Tapa - Letjen S. Parman) |
TJ5 | Terminal Pasar Senén-Terminal Poris Plawad (liwat Tomang Raya) | |
Kopaja[17] | 20 | Terminal Senén-Terminal Lebak Bulus |
MetroMini[17] | 15 | Terminal Senén-Bendungan Hilir |
DAMRI pemadu moda | Stasion Gambir–Bandara Soekarno-Hatta, Tangerang |
Jalan tol | Gerbang tol | km |
---|---|---|
Jalan Tol Lingkar Dalam Kota Jakarta | Rawamangun | 4,8 |
Cempaka Putih | 7,2 |
(id) Loka resmi KAI sarta jadwal karéta api taun 2019 Archived 2023-08-15 di Wayback Machine
Jalur karéta api Jakarta Kota-Manggarai | |
---|---|
Stasion saméméhna: Stasion Juanda |
Stasion saenggeusna: Stasion Gondangdia |