Stasion Malang
| |
---|---|
| |
Stasion Malang ditempo di hareup | |
Lokasi | Jalan Trunojoyo , , Malang, Jawa Timur, Indonésia |
Koordinat | Citakan:Country abbreviation 7°58′41″S 112°38′13″E / 7.977942°S 112.6368435°EKoordinat: Citakan:Country abbreviation 7°58′41″S 112°38′13″E / 7.977942°S 112.6368435°E |
Luhur | +444 m |
Operator | Daérah Operasi VIII Surabaya |
Letak ti pangkal | km 49+234 lintas Bangil-Blitar-Kertosono[1] |
Jumlah péron | 3 (hiji péron sisi jeung dua peron pulau yang sarua rada luhur; masing-masing peron kahubung jeung torowongan handap taneuh, ngan euweuh péron antara jalur 1 jeung 2 sarta jalur 3 jeung 4) |
Jumlah jalur | 9 (jalur 3: sepur lurus) |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Besar tipe A[2] |
Sejarah | |
Dibuka | 1879 |
Diwangun deui | 1941 |
Layanan | |
Bima, Gajayana (régulér dan tambahan), Malabar, Malioboro Éksprés, Mutiara Selatan, KA Tambahan SGU-ML pp, Majapahit, Jayabaya, Matarmaja (régulér dan tambahan), Tawang Alun, Penataran, jeung Tumapel | |
Fasilitas jeung téknis | |
Pamesenan tikét | Sistem tikét onlén; ngalayanan pamesenan langsung jeung parobahan/pabolayan kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass husus kaberangkatan KA jarak jauh-menengah. |
Lokasi dina peta |
Stasion Malang (ML) nyaéta stasion karéta api kelas A anu perenahna di Kiduldalem, Klojén, Malang. Stasion anu luhurna +444 mdbs ieu kaasup ka Daérah Operasi VIII Surabaya sarta jadi stasion panggedéna di Kota Malang. Stasion ieu boga salapan jalur, jalur 3 mangrupa jalur lurus. Stasion ieu ogé kadang disebut Stasion Malang Kotabaru (pikeun ngabédakeun jeung Stasion Malang Kotalama). Lokasi stasion ieu stratégis lantaran perenahna teu jauh ti Alun-alun Bundar, kompléks SMA Negeri 1, SMA Negeri 3, SMA Negeri 4, Gedung DPRD Kota Malang, Balai Kota Malang, Pasar Klojén, Hotél Tugu Inn, jeung Markas Kodam V Brawijaya.
Stasion Malang diwangun pas jalur karéta api Surabaya-Malang jeung Pasuruan mimiti dirintis taun 1870. Tujuanna pikeun ngangkut hasil bumi jeung pakebonan ti daérah pasisian Jawa Wétan, hususna ti Malang, ka Palabuan Tanjung Pérak anu diwangun ogé sekitar taun éta. Saenggeus konsési jalur dikaluarkeun taun 1875, jalur ieu gancang diwangun sarta pikeun ségmén Bangil-Malang, réngsé tanggal 20 Juli 1879.[3]
Bentuk wangunan stasion ieu awalna khas Staatsspoorwegen (SS), nyaéta perpaduan antara Néoklasik jeung ‘’Indische Empire, anu dilarapkeun ogé di Stasion Surabaya Kota, Pasuruan, Sukabumi, Mojokerto, jeung Madiun.
Wangunan ieu tuluy dirénovasi jeung dijieun leuwih gedé taun 1941 dumasar karya Van Der Eb. Wangunan stasion ieu tuluy disebut Stasion Malang Kotabaru, tujuanna pikeun ngabédakeun jeung wangunan Stasion Malang lama (lain Stasion Malang Kotalama anu diwangun taun 1896).[4]
KA Tambahan SGU-ML pp, jurusan Surabaya (ngagunakeun rangkéan KA Jayakarta Prémium)
Ieu jadwal karéta api panumpang anu eureun di Stasion Malang per 22 Désémber 2018 (révisi Gapeka 2017).
No. KA | KA | Jurusan | Kelas | Datang | Berangkat |
---|---|---|---|---|---|
144/145 | Jayabaya | Malang Kotabaru (ML) | Ékonomi AC Plus | 02.42 | - |
96 | Malioboro Éksprés | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | 03.49 | - | |
430 | Tumapel/Penataran | Surabaya Kota (SB) | Lokal Ékonomi AC | - | 04.30 |
432 | Penataran | 06.44 | 07.08 | ||
429 | Blitar (BL) | 07.02 | 07.10 | ||
92 | Malabar | Malang Kotabaru (ML) | Éksekutip, Bisnis, & Ékonomi AC | 07.05 | - |
172 | Matarmaja | Ékonomi AC | 07.51 | - | |
44/45 | Bima | Éksekutip Satwa | 08.15 | - | |
93 | Malioboro Éksprés | Yogyakarta Tugu (YK) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | - | 08.20 |
42 | Gajayana | Malang Kotabaru (ML) | Éksekutip Satwa | 09.06 | - |
112/113 | Mutiara Selatan | Éksekutip & Bisnis | 09.38 | - | |
142 | Majapahit | Ékonomi AC Plus | 10.05 | - | |
431 | Penataran | Blitar (BL) | Lokal Ékonomi AC | 10.15 | 10.20 |
146/143 | Jayabaya | Jakarta Pasar Senén (PSE) | Ékonomi AC Plus | - | 11.45 |
434 | Penataran | Surabaya Kota (SB) | Lokal Ékonomi AC | 12.31 | 12.37 |
206/207 | Tawang Alun | Malang Kotalama (MLK) | Ékonomi AC | 12.35 | 12.45 |
41 | Gajayana | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa | - | 13.30 |
433 | Penataran | Blitar (BL) | Lokal Ékonomi AC | 14.22 | 14.35 |
46/43 | Bima | Surabaya Gubeng (SGU) nyambung ka Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa | - | 14.25 |
94 | Malioboro Éksprés | Malang Kotabaru (ML) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | 15.43 | - |
208/205 | Tawang Alun | Bangil (BG) nyambung ka Banyuwangi Baru (BW) | Ékonomi AC | 15.55 | 16.05 |
91 | Malabar | Bandung Hall (BD) | Éksekutip, Bisnis, & Ékonomi AC | - | 16.00 |
436 | Penataran | Surabaya Gubeng (SGU) | Lokal Ékonomi AC | 16.14 | 16.49 |
114/111 | Mutiara Selatan | Surabaya Gubeng (SGU) nyambung ka Bandung Hall (BD) | Éksekutip & Bisnis | - | 16.30 |
171 | Matarmaja | Jakarta Pasar Senén (PSE) | Ékonomi AC | - | 17.30 |
141 | Majapahit | Ékonomi AC Plus | - | 18.30 | |
438 | Penataran | Surabaya Kota (SB) | Lokal Ékonomi AC | 19.55 | 20.00 |
95 | Malioboro Éksprés | Yogyakarta Tugu (YK) | Éksekutip & Ékonomi AC Plus | - | 20.10 |
435 | Penataran | Blitar (BL) | Lokal Ékonomi AC | 20.40 | 20.47 |
437 | Tumapel/Penataran | Malang Kotabaru (ML) | 22.28 | - |
No. PLB | KA | Tujuan | Kelas | Tiba | Berangkat |
---|---|---|---|---|---|
7071 | KA Tambahan SGU-ML pp | Malang Kotabaru (ML) | Ékonomi AC Prémium | 08.50 | - |
7072 | Surabaya Gubeng (SGU) | - | 10.07 | ||
7034 | Matarmaja Tambahan | Malang Kotabaru (ML) | Ékonomi AC | 11.05 | - |
7008 | Gajayana Tambahan | Éksekutip Satwa | 15.22 | - | |
7033 | Matarmaja Tambahan | Jakarta Pasar Senén (PSE) | Ékonomi AC | - | 19.00 |
7007 | Gajayana Tambahan | Jakarta Gambir (GMR) | Éksekutip Satwa | - | 19.45 |
Tanggal 4 Januari 2011 sekitar jam 13.15 WIB karéta penumpang KA Gajayana tanpa lokomotip anu keur parkir di Stasion Malang jol mundur sorangan sarta nabrak tilu imah warga anu aya di sekitar stasion Malang Kotalama. Saurang balita tiwas dina kajadian éta ku sabab katindihan ruruntuhan imah anu ditabrak ku karéta éta, sedengkeun saurang deui potong tulang bagian suku.[5]
(id) Situs resmi KAI dan jadwal kereta api tahun 2017 Archived 2023-08-15 di Wayback Machine
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Malang Station . |