Awi bitung | |
---|---|
Awi bitung, Dendrocalamus asper ti daérah, Sukowidi, Panekan, Magetan | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | Angiospermae
|
(unranked): | Monokotil
|
(unranked): | Commelinids
|
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | Bambusoideae
|
Tribus: | Bambuseae
|
Génus: | Dendrocalamus
|
Spésiés: | D. asper
|
Ngaran binomial | |
Dendrocalamus asper | |
Sinonim | |
sinonim langkung lengkep aya di The Plant List[5] |
Awi bitung atawa bitung (Dendrocalamus asper) nyaéta awi anu tangkalna mibanda ukuran leuwih badag, kaasup kana kulawarga Poaceae.[6][7] [8]
Awi bitung mibanda sababaraha ngaran saperti bambu betung, buluh petung (Mly.); bulu botung (Bat.); oloh otong (Gayo); triĕng bĕtong (basa Acéh); léwuo guru (basa Nias); bambu batuĕng (basa Minangkabau); pĕring bĕtung (basa Lampung); pring pĕtung, dĕling pĕtung, jajang bĕtung (basa Jawa); pĕréng pĕtong (bahasa Madura); tiing pĕtung (bahasa Bali); bulo patung, b. patong (basa Makassar); awo pĕtung (basa Bugis); au pĕtung (Solor); bambu swanggi (Banda), betong (Manggarai, Florés, NTT).[3] Dina basa Inggris awi bitung disebut rough bamboo atawa giant bamboo.[7].
Tangkalna ngadapur; iwungna hideung semu gandaria, disimbutan ku bulu-bulu (miang) kelirna coklat aya ogé anu hideung.[3] Tangkalna kawilang badag, panjang bukuna 40-50 cm buleudan tangkalna 12-18(-20) cm, jangkung tangkal ti puhu nepi ka tungtung kurang leuwih 20 m ka tungtungnakeun melenod; kelir tangkalna héjo, héjo kolot, aya ogé anu héjo semu gandaria.[9] Buku-bukuna barijil akar tapi henteu manjangan anu katelah akar udara.[9] Kandel tangkalna 11 nepi ka 36 mm.[7]
Salumpitna kawilang badag, lk. 50 × 25 cm,[7] disimutan ku bulu-bulu miang kelirna coklat kolot nepi ka hideung; tungtung salumpit ngaringkél panjangna 7 mm palapah daunna segitilu palebah handapna ngaleutikan.[9] Daun dina régan mibanda palapah anu lokos kelirna konéng ngora tur buluan, 2 mm, daun salambar 15-30(-45) × 1-2,5(-8,5) cm.[9]Beulah handap keusrak; cupat daunna pondok .[7]
Kembangna bijil ngaranggeuy tina tungtung dahan anu henteu mibanda daun spikelet.[9] Spikelet ngawangun elipsoid, 6-9 × 4-5 mm, rada gepéng ka gigir, dieusi ku 1-2 gluma jeung 4-5 ''floret''.[7]
Awi bitung ditaksir asalna ti wewengkon Asia Tenggara.[7]Kiwari tangkal awi bitung méh bisa kapanggih di unggal daérah di Asia tropis.[7] Ogé kapanggih dinagara séjéna saperti Ghana, Benin, Kongo, Kenya, jeung Madagaskar.[7]Tangkal awi bitung nyebar nepika dataran anu mibanda 1.500 m dpl.[7] Di Taman Nasional Gunung Gede Pangrango awi bitung masih kénéh kapanggih hirup di dataran 1.910 m dpl.[10]
Awi bitung hirup kalawan subur utamana dina taneuh anu jemlék sok sanajan bisa Jadi ogé dina dataran anu garing boh di pagunungan anapon di tegalan.[9] Awi bitung bisa hirup kalawan subur di daérah anu luhurna 400–500 m tina beungeut cai laut (dpl) ogé di daérah anu mibanda hujan dina sataun rata-rata 2.400 mm.[7]Awi bitung bisa hirup dina sagala rupa taneuh, tapi bakal leuwih hadé umpama hirup dina taneuh jemlek.[7] Kasorot ku panon poé, suhu pang tiisna dina 25 °F.[11]
Awi bitung geus dimangpaatkeun pikeun : kontruksi, tihang imah, parahu, rakit, sasak, jeung sajabana. [3][12] Dina kaayaan garing awi gombong leuwih kuat jeung awét, dina kadar cai 8% kapadetan kaina kurang leuwih 0,7-0,8 g/cm³.[7]Dina kaayaan kadar cai 15%, kakuatan kai awi bitung mangsa dipotongkeun 103 N/mm²; kakuatan nahan mangsa nahan beurat sajajar jeung urat tangkalna 31 .[9]
Awi bitung biasa ogé dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa kabutuhan : Kuluwung, lodong cai, lahang, waditra, furnitur, parabot rumah tangga, bubur kertas, sumpit, tusuk gigi, jeung sajabana.[12][7][13] [9]
Iwung Awi bitung mah kawilang badag, rasana ogé henteu pait malahan rada amis anu matak loba anu mikaresep. [3] Pikeun diolah jadi acar, sayuran, bahan pikeun iwung kaléngan, iwung awi bitung mibanda kualitas anu hadé dibandingkeun jeung iwung awi séjén.[7]
|isbn=
value (bantuan).