Patik paranti nuar kai

Patik nyaéta parabot sarupa jeung kampak gedé [1] tur maké gagang leuwih panjang, patik dipaké meulah atawa nuar tangkal kai [2] Nuar tangkal kai pikeun ngabukbak leuweung pikeun dijieun lahan tatanén [3] atawa ngala kai pikeun suluh atawa kaperluan séjéna, disababaraha daérah patik téh mangrupa pakakas andelana.[4]

Pedaran

Patik dijieun tina beusi waja anu kuat tur kandel[5], patik tradisional biasana dijieun di gosali, di Tatar Sunda daérah anu kasohor masih kénéh aya gosali anu nyieun pakakas tatanén kayaning arit, pacul, patik, kampak, jeung sajabana. Tayalian di daérah Majaléngka sok sanajan kiwari geus beuki ngorotan jumlahna, ku lantaran morosotna jumlah pesenan.[6]

Gagang patik anu alus dijieun tina bungkul kawung nu geus pugur atawa arék muguran, sanajan nuarna bangga, leuwih bangga deui mangsa nampolana, bogor kawung anu teuas ieu engkéna baris dibeulah tuluy diraut nepikeun ka bisa diasupkeun kana liang gagang patikna.[7]

Dicutat tina

  1. Patik sarupa jeung kampak
  2. Patik parabot sarupa kampak
  3. Patik dipake ngabukbak leuweung
  4. Patik paranti nuar, Kamus basa Sunda, Satjadibrata (R.) Perpustakaan Perguruan Kementerian P.P. Ditempo 28 Mei 2016
  5. Bahan patik beusi anu kandel
  6. [Patik dijieun di gosali]
  7. Di lembur kuring, Sjarif Amin, Proyek Penerbitan Buku Bacaan dan Sastra Indonesia dan Daerah Departemen Pendikan dan Kebudayaan, Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah, 1984, kaca 84

Tutumbu kaluar

  1. Patik nyaéta
  2. paranti nuar
  3. Patik dibawa disolendangkeun
  4. Patik mibanda gagang